..... asa kapirengkeun ieu teh!!....
enya mun seug teh "arsip-arsip"/koropak Kasundaan nu ayana di urang deungeung nu kungsina netep (ngajajah???) di lemah cai jeung sarakan urang (siga india, portegis, china, turki, walanda, jsb) ......
..... siga na payus pisan mun ku baraya nu keurna ngajrek di eta wewengkon urang deungeun (portegis, walanda, china, jst), nyobaan maluruh eta koropak .....
Ieu mah sugan jeung sugan bae, bisa siga PS tea di transkripsikeun, ... enya urang keureuyeuh hanca rereongan tea, pirang-pirangna mah ieu teh lain keur urang tapi jaga keur kareueus pangajen anak incu urang.
... atawa nu deukeutna heula mah, nu aya di PERPUSNAS Jakarta bae saheulaaneun mah?? sok geura cobaan? mun teu salah mah aya kalawarta KUDJANG nu diparajian ku yasana Bapa Sutisna Senjaya (Sutsen), Bapa Ir. Otong Kosasih jeung Bapa R.E. Bratakoesoema, teuing eusina mah siga PS apa hanteu?
Atawana kaci kitu oge kitu urang nga'transkrip'-keun siga 'Kidung Sunda' jeung salianna ti eta??? duka teh teuing, ketah??? .... ieu mah usul ti nu usil, tong pati dipalire mun seug teh ateul kana cepil mah :P
timpah pangabakti ka Ki Sunda,
-pun adi-
*********************************
On 7/25/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya,
Garapan digitalisasi Pusaka Sunda (PS) pikeun edisi
munggaran geus rengse. Ieu edisi dijudulan "PS Edisi
Dokumenter". Sabab eusina estu sacerewelena taya nu
dirobah, boh ejaan, format tulisan, kitu deui
tataletakna. Ngan pedah mediana jadi media digital,
sakabeh terbitan diwangun dina berkas PDF. Ieu edisi
ayeuna geus jadi hiji CD, eusina kira-kira 200MB.
Upama ku KUSnet rek digandakeun, pek wae, engke ku
kuring dikirim masterna. Ngan peupeujeuh, ulah menta
digandakeun ku kuring, danget ieu keur riweuh.
Ieu edisi rada aya masalah upama di-online-keun. Sabab
gede teuing, bisi moal kabayar biaya sewa hosting-na.
Pikeun edisi online mah, jiga nu dipedar ti heula,
urang migunakeun PS edisi popular nu keur
ditranskripsi ulang tea. Sabab upama geus
ditranskripsi ulang, moal gede teuing merlukeun
rohanganana.
Ninggali eusina, ceuk itungan kuring payus dipiboga ku
sakumna urang Sunda. Upama tea mah nepi ka hatam maca
PS, Insya Allah urang baris boga gambaran nu rada
jelas, jiga kumaha dedegan Urang Sunda teh.
Pikeun gambaran, dina ieu serelek dilampirkeun paparan
eusining CD PS tea. Ngan ieu paparan teu ngamuat
berkas PDF-na, da gede teuing.
Salam,
MH
=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
--
***********************
Bilih kagungan waktos, hayu urang ngeureuyeuh Poesaka Soenda tea.
Ramatlokana di dieu http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/
Sejana ilubiung kintun bae ka [EMAIL PROTECTED]
************************
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

