|
Saminggu nu kaliwat ka imah teh aya budak awewe,
rek nginjeum buku, sugan teh buku carita ari pek teh neangan
buku arsitektur Sunda, rada ngahuleng da teu boga, nya sina neangan dina
sababaraha buku, Alhamdulillah aya Kampung dan Rumah tradisional Sunda terbitan
Disbudpar paparin ti Teh Elly (kamana Teh Elly nya tos lami teu
aya...)
Mun teu salah eta budak teh ti Unwim, ngan hanjakal
teu kapapanjangan ngawangkong da siga nu rusuh.
Enya masalah imah Sunda teh loba nu nanyakeun
bukuna, hanjakal can manggihan, nu aya teh buku Parahu Sunda.
Poe minggu kamari lain deui nu ieu mah budak lalaki
ngahaja rek maca buku, ngakuna keur kuliah di Unair, psikologi. Resepna
budak ieu mah loba tatanya, ti mimiti basa Sunda, pulitik, inohong,
kaulinan, lingkungan tug nepi ka banyol Sunda, lain tatanya meureun tapi
diskusi leuleutikan, kuring mah nyokot reperensi teh nu kungsi
dipadeungdengkeun di Kusnet we.
Antukna ieu budak teh nginjeum buku, ku kuring nya
dibere we, sok sanajan anyar pinanggih, kuring yakin inyana bakal mulangkeun.
Sagala rupa ge kumaha niatna lin..?
MSasmita
Rumah Baca Buku Sunda jeung Sajabana.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|

