Sent: Wednesday, July 27, 2005 5:58
PM
Subject: Re: [Urang Sunda] hariring
kuring
Sumuhun sawios bade ditaranjang ge, moal katingal...komo ditaranjang bari
ngahariring di kamar cai, langkung asik asa pangbisana wae ngahariring
teh...he he
Baruk, wargi enggal atuh sasasih mah, si teteh mah lumayan tos 2 warsih
langkung. Dimana kang Hepi linggih..? ulah sok noongan wae atuh mangga
lebetkeun hariring kuring anu nuju kapidangdung, anu nuju kagegeloan, ku
asih......cing ah, pangdamelkeun....NUhun
teh ipeut
Hepi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
he he he
tos sasasih lah di babakan kusnet, sami taang
toong, sakapeung sok pipilueun..
baheula keur budak keneh sok ngariung bari
hahariringan, ayeuna hahariringanna virtual di babakan virtual
oge
komo ayeuna mah teu era... da teu katingali
tea..
he he he
Duh nuju ngahariring, mani kakuping tidieu.......
Tapi da indung peuting mah teu nyimbutan, ti tadi ge nuju
noongan...he he
Nepangkeun kang Bungah (Hepi) si indung peuting....aya di wetan, asa
nembe wanohnya...?
Hepi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hayang ekspresi diri yeuh, lain pedah ku
senang atawa bungah, ieu mah pedah ku bangbaluh hate, ku nineung jeung
ku sono ka 'kabogoh maya"
Tuh eulis di lebak pasir nu
suni
basa layung keur nguyung
basa
curug lir rumahuh
seah sada ngulah ngulah
ku haneut neuteup anjeun
seungit ngadalingding estuning
kembang
ngahenen na pucuk campaka
ngagupay
Duh diri
rek iraha tepung jeung nu
dipikayungyun
nu nyimpang lamun keur
lenglang
nu ngusapan lamun keur melang
Indung peuting nyimbutan
tongeret geus beres
tandang
asa siga anjeun asa siga
anjeun
tapi weleh ngan kalangkang
-Kang Hepi-
Send instant messages to your online friends
http://uk.messenger.yahoo.com
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS