Khutbah Nikah Atanapi Sawér
kagegelan
kanggé Ayi Ikmal sareng Néng Ani
Patepang di salaka maya
dilajengkeun di buana nyata
dua teuteup
ngagedurkeun geter-geter asih
janten pasini jangji:
seja laki rabi
kiwari
cunduk di waktu
ninggang di mangsa
nitih wanci nu mustari
ayi Ikmal sareng néng Ani didahupkeun
di balé nyungcung
Ayi Ikmal,
Sabada ijab kabul diucap
nami Ani anu satadina dibintian ku nami ramana
baris robih dituntungan ku nami ayi Ikmal
hartosna
ti danget ijab kabul
tanggel waler dunya akherat
ngeunaan neng Ani
di pasrahkeun ti ramana
ka diri :
salira
(hajat nikah mémang kariaan tapi makna nikah nungtut pertanggel waleran)
Tanggel waler salaki ka anu janten garwana, anu kedah ogé dicontoan ku jisim inyana:
kahiji ngeunaan aqidah
inti aqidah nyaéta kalimah toyyibah
Laa ilaaha ilalloh
mangkadé
dina ngalaksanakeun kahirupan anjeun duaan
kakeclakan akidah anu teu diguratkeun ku kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Aqidah sing panceg Istiqomah
margi
maot mah saha nu terang
kacida rugelna diri upami isuk jaganing géto
mangsa mulang ka mantenNa
urang teu pinareng
husnul khotimah
kadua ibadah
mamaos mémang raos kadanguna
galindeng cianjuran ngahudang rasa
tapi moal aya deui anu leuwih raos tur ngahudang rasa
iwal ti
soanten ayi Ikmal sareng neng Ani
rampak
ngagalindengkeun
ayat-ayat suci Al Quran
upami di bumi kagungan permadani anu éndah
moal aya deui anu leuwih éndah
tibatan dua lambar sajadah
anu dianggé solat jamaah
kacida nikmat sareng hidmatna
mangsa ayi Ikmal ngucapkeun kecap
Waladhdholliin
dina tungtung fatihah
ditémpas ku kecap
Amiiin
tina lambey néng Ani
pon kitu kanikmatan sareng kahidmatan
bakal sumebar tina kecap Amin néng Ani
dina
dua demi du'a
nu dilafadzkeun ku ayi Ikmal
Katilu akhlaq
Laki rabi téh teu bénten sareng salambar rambut
anu masing-masing tungtungna dicepengan ku duaan
Ayi Ikmal di tungtung ditu Néng Ani ditungtung dieu
kedah silih ayunkeun
kedah silih béréan
upami silih betot
tinangtu rambut
bakalan pegat
Akhlaq salaki ka nu janten istri
Akhlaq istri ka nu janten salaki
baris nangtoskeun
hirup kumbuhna
hiji pernikahan
sok sanaos tos laki rabi
mangkadé
akhlaq ka ibu rama
indung nu ngakandung
bapa anu ngayuga
kumelendangna urang di alam dunya
aranjeunna lantaranana
salapan sasih lamina urang aya dina kakandungan anu jadi indung
anjeuna teu tolih nyerina ngababarkeun
méh dua taun cai pinareupna diseuseup ku urang
kanyaah sareng kaihklasan
anu teu kénging dimomorékeun
kapan saur hadits ogé:
sawarga téh ayana dina dampal sampéan anu jadi indung
Upami urang ayeuna tiasa makalangan
eta téh hasil lamokot késangna tuang rama
dibarung ku dua demi dua -- anu teu kendat reureuh
tuang rama tisusut tidungdung
ngagedékeun anjeun para putrana
sangkan hirup hurip bagja waluya
Laki rabi ogé kedah tiasa ngaraketkeun tali silaturahmi
diantara dua kulawargi
kulawargi ayi Ikmal ti sukabumi sareng kulawargi néng Ani ti Subang
Ayi Ikmal sareng Néng Ani
sing janten cukang lantaran
ngantengkeun ieu tatali silaturahmi
sangkan
syiar kasundaan sareng syiar kaislaman
tiasa langkung lega ambahan
nyambuang saalam dunya
Hirup di dunya henteu nyorangan
mangkadé akhlak hirup kumbuh kamasyarakatan
sing tiasa naritipkeun diri
sing tiasa pindah cai pindah tampian
Kaopat, cita-cita
Hirup kumbuh laki rabi
ulah ngan saukur diniatan dugi ka pakétrok iteuk
tapi kedah dicita-citakeun langkung tebih, nyaéta
tiasa riung mungpulungna anak incu kulawarga
di sawarga
ku kituna prinsip
kuu anfusakum wa ahlikum naaro
jaga diri jeung kulawarga aranjeun tina sueneu naraka
kedah janten suluk anu janten cita-cita kulawarga
upami isuk jaganing géto kagungan putra
sangkan janten waladun sholihan
mangkadé
didik ku kaislaman sareng kasundaan
Ayi Ikmal miwah néng Ani
dinten ieu,
opat welas agustus dua rébu lima
sabuana samarcapada
nyakséni aya dua pamayang papasangan
anu badé ngambah sagara ciptaan Pangéran
bébér layar tarik jangkar
baarokallohu laka
wa baroka alaika
wajamaa bainakuma
fii khoir
paris, 4 agustus 2005
ganjar kurnia
Appel audio GRATUIT partout dans le monde avec le nouveau Yahoo! Messenger
Téléchargez le ici !
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Culture | Corporate culture | Hawaiian culture |
| Hispanic culture | Jewish culture | Organizational culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

