rek masamoan, hayu.
tong boro beurang, janari tengah peuting, lamun teu keur sare mah hayu wae :D
Sok kang lah, didukung ku uing.
*daria*
Jeung deui, kuring boga usul. rencana pang deukeutna kopdar saalam dunya teh nyaeta nalika acara Halal bi Halal.
Tah, meungpeung masih keneh aya waktu, ti ayeuna keneh, warga kusnet di masing-masing kota/nagara, ngamimitian ngararancang, hayang naon, rek nyieun naon.
engke dina waktu Halal bi Halal, urang ketrukkeun kabeh, sagala pamanggih, ideu, kahayang, jeung sajabana. anu ahirna ku jalan musyawarah (tapi lain suara terbanyak !). bisa ngahasilkeun program anu teu muluk-muluk, bisa dilaksanakeun, tapi cukup mundel.
kasimpulan nyah...yah....beginih...
warga kusnet di tiap kota, sok lah ngumpul, badamikeun hayang naon. hasilna, dimusyawarahkeun deui di acara halal bihalal.
sakitu ti kuring.
irpan
On 8/4/05, Eko Ruska Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Duli teh tien, kang cepot hatur nuhun kana pangrojongna mangga
urang antosan bae wartos sareng pangrojong tinu sanesna.
Hatur nuhun
@ERN
On 8/5/05, R. Duli Dimyati D. < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Perkawis usaha…tiasa dirintis tina icalan kaos…pan katingal animo wargi
> milis oge sakitu saena…
> Kamari oge nuju kopdar di bumi Teh Imas, pajeng sababaraha potong
> kaos…lumayannya Teh…
> Lamun tea mah kaos janten salah sahiji usaha rupina kieu skenariona :
>
> Nu ngadamelna barudak mahasiswa…misalna Ayi Andi Chinook atanapi urang IPB
>
> Modelna tiasa ti wargi di milis…pan MJ oge jago ngagambarna…
>
> Ngan palebah modalna ieu abdi rada lieur yeuh…
>
>
>
> Tiasa oge icalan :
>
> - Souvenir : kujang, wayang golek, payung tasik, kelom geulis, jrrd
>
> - Katuangan : sirop, tauco, beas, moci, molen ( join sareng Kartika Sari ),
> manisan, asinan,
>
> - Buku-buku / fotocopy arsip sunda
> Mung nyaeta duit deui duit deui masalahna teh…deuh lieurrrr aing mah!
> Maenya abdi kedah ngajeger di darat oge ngarah bisa narikan "uang keamanan"
> ti si babah…da moal sarieuneun atuh ka jeger nu ieu mah, leres teu Kang
> Ndoell?
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture | Corporate culture | Hawaiian culture |
| Hispanic culture | Jewish culture | Organizational culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

