Sieun ku jurig Urang balik ti kantor biasana peuting tas isa kurang leuwih jam 19.30-an. Teu peuting teuing sih tapi....jalan ka kost-an kuring kudu ngaliwatan kebon. Kebon na henteu lega teuing kurang leuwih ngan 200m panjangna. Teu nyaho ari katukangnamah. Najan pondok jalan didinya teh ari geus jam sakituan mah geus sepi katambah-tambah jalan palebah kebon eweuh lampuan, pedah euwuh imah tea meureun. Jadi wae poek pikasieuneun. Sieun ujug-ujug aya nu gabelegbeg hideung megat di tengah jalan atawa kadenge sora nu ngageroan ti kebon.
Peuting ieu sakumaha biasana kuring balik ti kantor, ngaliwatan kebon. Kuring leumpang sorangan ngaliwatan jalan nu sepi. Na etamah karek oge leumpang 2 meteran asup ka jalan nu ngaliwatan kebon kadenge sora awewe gegeroan. "Kaaaaaang. Kaaaaaang. Dagoan kuriiiiiiing." Sora kadengena ti tukangeun kuring. Barang ngareret katukang katempo aya awewe keur leumpang nyamperkeun ka kuring. Awewe eta ngajingjing bungkusan di kantong keresek. Sigana karek balanja ti mini market. Lain jurig ieu mah, pikir kuing, pasti jelma. Ahirna kuring eureun ngarandeg. Ngadagoan awewe eta nu gegeroan menta di tungguan. Barang geus deukeut enya wae etateh jelma. "Kang dagoan kuring, kuring sieun liwat kebon ieu. Kuring menta dibaturan ku akang." "Oh...kitu. sugan teh aya naon. Nya mangga atuh. Kabeneran urang teh pan saarah." Ahirna kuring leumpang duaan jeung awewe eta ngaliwatan kebon nu sepi jeung poek. Sanggeus kebon kaliwatanmah kuring papisah duei. Kuring amitan ka siibu pikeun leumpang miheulaan. -- Wasalam, Durachman http://durahman-cirebon.blogspot.com/ Yahoo! Groups Links -- No virus found in this incoming message. Checked by AVG Anti-Virus. Version: 7.0.323 / Virus Database: 267.10.1/64 - Release Date: 8/4/2005 -- Wasalam, Durachman http://durahman-cirebon.blogspot.com/ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> <font face=arial size=-1><a href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hpcohvu/M=362329.6886307.7839373.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1123220949/A=2894324/R=0/SIG=11hia266k/*http://www.youthnoise.com/page.php?page_id=1998">1.2 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery</a>.</font> --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

