Leres sakumaha kasauran Teh Ika, antukna mah gumantung ka urang sunda- urang sunda keneh wae.  Memang aya sababaraha laku represi ka urang Sunda, upamana dina kasus Batutulis, tapi jero-jero na mah tumibana eta kajadian teh meureun kusabab urang sunda-urang sunda keneh anu henteu sauyunan, heteu bener-bener ngamumule titinggal budayana, henteu ancrub ka hareup dina widang politik, ekonomi, jeung kamasyarakatan (aya anu ngaharewos, cenah loba tim anu protes kana kajadian Batutulis ngadadak jempe sanggeus dikeupeulan ku anu sieuneun dihujat).
 
Laku represi anu saperti kasus Batutulis (tina sawangan Milan Kundera mah nya sarua jeung etnocide tea: lamun hayang ngilangkeun hiji bangsa, ilangkeun bae titinggal sajarahna, kitu doktrin Kundera), atawa kasus diakuna hiji wewengkon di TS salaku asal-usul hiji seler, atawa sodetan hiji sarakan/wewengkon atawa kahayang "nyaplok" wewengkon diasupkeun ka provinsi sejen-eta kabeh bisa kaasup represi dina widang wewengkon (apan salah sahiji tetengger budaya teh nya wewengkonna tea). Tapi, anu ieu oge enas-enasna mah gumantung urangsunda-urangsunda keneh. Naha kunaon bet dibikeun, naha kunaon bet diingkeun, jst. Jadi memang, aya atawa henteuna kajadian represi ka urang sunda jero-jerona mah gumantung ka urang sunda-urang sunda keneh. Hal (dalil) ieu lumaku oge ka seler sejenna.
 
baktos,
manAR

 
On 8/10/05, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Muhun, Teh Ika. Kuring mah asa2 kumaha ari maca artikel nu kieu teh, bet kawas nu nyiar2 nu bisa disalahkeun... Pangwangunan daerah teh pan dicepeng ku urang2 keneh. Mun urang bisa ngokolakeunana, tangtu Jabar teh maju.

jk

Pada tanggal 8/9/05, ika mardiah <[EMAIL PROTECTED] > menulis:
Saha nu ngalakukeun "represi" ka US teh? Negara atawa para pejabat US  (Jawa Barat)sorangan nu teu merhatikeun kapentingan US?


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke