Haturan kang opang....! kumaha wartosna...? damang wae ieu teh...?
lawas tilawas, nembe mucunghul di lembur bakus...! kaman atuh..?
MUhun lah manuk dadali teh tos nelah kamana2, kakupingna kanggo paduan suarana mah sae, mung naha atuhnya manuk dadali teh bet alit..! da anu kabayang teh badag...sapertos heulang, naha kitu sami waruga na sareng galudra..? mana kitu ge...duka teh....he he
Mangga atuh guar sugan aya anu terang ngawitannana eta manuk dadali teh timana..?
Ulang ampleng-amplengan teuing kang....! ari ngalongok teh mung kakapeungan, padahal si ipeut. zono...he he
Nuhun kang...!
 
Teh ipeut

Opang <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Inget kana kasauran Kang Godi Suwarna basa anjeunna
dipasihan 'abiseka' "manuk dadali". Ti dituna mah sigana nyonto ka
sastrawan moyan dina sastra Indonesia, WS Rendra, anu dilandi Si Burung
Merak.

Ananging saur Kang Godi teh, "Da manuk dadali mah lain manuk galudra.
Tapi manuk leutik anu sok "diusep" ti pucuk tangkal." Da anu sok
disebat manuk galudra mah nya sabangsa heulang tea, nu ku sawareh jalma
sok dilandi rajawali. Jauh pisan jeung manuk dadali anu gedena ge moal
leuwih ti peureup budak bau jaringao.

Tapi duka kumaha mimitina galudra sok diidentikeun jeung dadali. Malah
dianggit jadi lagu, tur populer. Naha ieu teh persoalan dialek, atanapi
salah sangka bin salah larap wungkul? Rupina ahli mamanukan kedah aya
nu nerangkeun, kumaha saleresna duduk perkarana supados terang
masalahna.

Ku sabab eta, Kang Godi saurna leuwih seneng upami aya nu
nyebut "kunyuk mandahna".

Teh Tien, sareng ka sadaya wargi Kusnet, salam kawilujengan bae!

Pun Opang




Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke