Assalamu'alaikum
 
Upami urang Padang mah nganamian Takokak teh nyaeta angkak, Dupi eta takokak teh tiasa janten landong sagala rupi. Cobi di Pilarian di pasar Tradisional atawa warung Padang anu icalan nasi Padang sugan aya, sanes heureuy. He....he..... atawa dongkap ka Bogor amengan ka Kebon Ilmiah Tanaman Pangan dan obat-obatan di Cimanggu Kecil. Didieu langkung lengkap. Jenis tanaman na. He....he...
 
Utamina akar takokak tea. Tiasa di damel landong Demam Berdarah nu ayeuna nuju usum. Salian ti panyawat DBD, takokak oge tiasa janten landong panyawat Malaria sareng demam, panas tiris.
 
Saran Penyajian na henteu sulit.
  1. Wasuh akar takokak dugikeun kabersih (+sabatang)
  2. Teras siapkeun kendi kanggo ngulub akar takokak, omat ulah nganggo   panci aluminium.
  3. Tambihkeun 3 gelas cai kirang langkung 600 CC. Dikulub dugikeun nyesa + sagelas cai
  4. Di tiiskeun kanggo di leueut (3x1 hari). 
Resep ti Boss amang urang Padang asli
 
Wassalam,
 
 
Mang Ega
 
 
Indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kitu...! tapi tangtos aya nami tina basa jawi, mung si ipeut can terang...! ke wae bade di taoskeun ka tukang Jamu....Tuh sugan nyambung toko jamu sareng toko obat china.
Dupi kang Dess teh Kangg Denyy..? sami atuh nepangkeun..
 
ipeut

Deny Suwarja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Upami teu aya dipasar, naroskeun takokak mah. Cobian ka Toko Obat China namina Solanum torvum tangtos margi sok didamel obat kanggo kencing manis!
Upami cecendet/cecenet mah taroskeun bahasa ilmiahna Physalis angulata L
Ke urang milari tangkalna da aya di pipir rorompok asana mah!
Nepangkeun abdi mah urang Batujajar Bandung!
 
Dess

indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
he he...aya kitu urang jawi..? mangga taroskeun.....piraku namina, tak...Cokot...he he

Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Upami pasar dikampung mah sok aya.....
duka pasar dikota mah......, sareng deui diwetan mah tangtos nami oge sanes takokak...
duka naon.... ke dikantor urang taroskeun ka urang Jawa Timur...
 
ssw

indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Can kabayang buah takokak teh...! nyaan kang Sidik...si teteh teu apal, di pasar sok aya kitu..? ke atuh ah..upami ka pasar bade meser buah takokak, komo raos kanggo lalab mah si teteh ge resep lalaban.

Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Takokak mah lebet kana sabangsa sayuran.....
tangkalna ; siga tangkal terong, namung langkung ageung langkung jangkung....
buahna ; siga buah terong buleud, ageungna saageung tungtung jempol....warna hejo,
rasana : siga buah terong, dicoel sambel...
raosna : dikulub atanapi diseupan... dicoelkeun kana sambel tarasi lada,
tiasa oge buah takokak anu tos dikulub disambel, bumbuna mah biasa bae, cengek, uyah,
gula beureum, cikur, tarasian sakedik....................hemmmmmm...
janten ngaruuuuyyyy... yeuh.
 
ssw 

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke