Haturan Kang Dadan, tah kumaha atuh 17 agustus kamari, nganggo
"kuda kosong" henteu di Cianjur?. Sok atuh geura dongengkeun
agustusan di Cianjur. Lah meureun waas nya, lamun tradisi teh
tetep angger aya, da ukur sataun sakali ieuh.  Di lembur kang Dur
oge (Cirebon) soal nu kitu mah tetep we aya. Komo di Jawa mah
(Solo), apan munding oge dikaramatkeun, malah dinamian Kyai
Sagala! ( Bupati Cainjur teh lamun teu lepat mah urang Jawa, ngan
kalahiran/ diageungkeun di Sukabumi kitu?).

Perkawis kuda kosong, di lembur kuring oge aya, dina acara kuda
renggong (budak sunatan). Dina iring-iringan kuda renggong, sok
aya kuda bodas, teu dihias jeung teu ngilu ajrag-ajragan jiga
kuda nu ditumpakan ku budak sunat. Ukur dituntun wungkul
nutur-nutur nu iring-irngan. Ceuk beja mah, eta kuda teh
disadiakeun keur bangsa lelembut, bisi pirajeunan, hoyong
ngiringan ngasaan tumpak kuda ....hehehhe. Tapi eta mah baheula,
basa kuring keur budak, duka ayeuna mah, geus lami tara ningali
kuda renggong. Ke rek ngajak kang Boim ah .......ka sumedang,
hayang lalajo deui kuda renggong.

Baktos,
WALUYA

> Punten ah bade ngiringan..
>
> Dina kaping 17 agustus, di Cianjur oge sami sareng daerah2 nu
> sanes sok ngarayakeun anu salahsahijina ku ngayakeun pawey. Dina
> prakna teh rahayat ti sakurilingeun kota malahan oge ti
> kecamatan2 di cianjur (Cikalong, Cipanas, Cibeber, Warungkondang,



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
<font face=arial size=-1><a 
href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hkle45j/M=320369.6903865.7846595.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1124359347/A=2896112/R=0/SIG=1107idj9u/*http://www.thanksandgiving.com
">Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children¿s Research 
Hospital</a>.</font>
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke