Diemut-emut rada reuwas oge, eta posting ti sim kuring anu tadi, pangpangna mah soal Bung Karno (BK) sareng Bung Hatta (BH). Enya leres kang Rahman kuring ngacapruks kamana-mendi. Punten pisan ka baraya sadayana, jiga kuring nu melaan walanda .....hehehehe (wawuh oge acan jeung urang walanda teh). Ieu mah bilih hoyong terang kunaon maksudna sim kuring nulis eta, kieu maksudna teh :
1). Dina nempo kalakuan Walanda jaman harita, ulah hideung-bodas, walanda ngarampog kakayaan lemah cai urang, memang leres, tapi aya oge aspek-aspek kamanusaan urang Walanda ka Bangsa urang. Panjajah Walanda dibanding urang Protugis jeung spanyol masih mending kalakuanana, tapi nu alus pisan mah penjajah Inggris, da geuning rata-rata urut jajahan inggris mah leuwih maju .....hehehehe (penjajah disebut alus ???..........) 2). Waktu jaman Orba, peran BK sareng BH teh dihaja teu pati ditonjolkeun. Nu ditonjolkeun teh peran tantara, pangpangna mah Jenderal Sudirman. Tah soal ieu kuring kungsi meunang indroktinasi ti tantara (baheula waku mahasiswa), pokona mah Jenderal Sudirman leuwih punjul ti BK jeung BH. Waktu harita sabenerna mah hayang nambalang ka sang "kolonel" teh, ngan teu wani, kapaksa we unggut-unggutan. Tapi ieu lain hartosna kuring henteu ngahargaan kana jasana Jenderal Sudirman atawa kaum militer nu sanes. Salah sahiji nu digede-gedekeun ku sang "kolonel" ka kuring teh soal gerilyana Pa Dirman, Pa Dirman henteu nyerah ka walanda teu jiga ....... (punten moal dicarioskeun deui ah .....bilih salah hartos). Tah kitu maksad sim kuring teh, ngan nyaeta nulisna bari rusuh, henteu diemut/dibaca deui heula, maklum bari jeung pakepuk padamelan, tapi bari jeung hayang posting ..................jadina diprotes ku kang Rahman euy. Sakali deui punten pisan. Baktos, WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> <font face=arial size=-1><a href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hv4o7ld/M=323294.6903899.7846637.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1124385957/A=2896129/R=0/SIG=11llkm9tk/*http://www.donorschoose.org/index.php?lc=yahooemail">DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today</a>!</font> --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

