Sae pisan... upami tiasa ngajadi..... (kedah jadi....!!!)
Bade tumaros :
1. Dupi CV. Motekar sareng PT. Reksa Gumilang Kencana teh kagungan saha.??
2. Naha henteu langkung sae upami didamel heula pameungkeut kulawargi KUSNET ??.
    tidinya didamel Badan Usaha, naha mang rupi CV atanapi PT.,
    namung asa langkung ageung ambahanana upami mangrupi PT.
3. Mung upami ngadamel Badan Usaha enggal naha henteu langkung sae upami namina ;
    PT. KUSNET ...???
Upami teu lepat sateu acan ngadegkeun PT kedah aya modal dasar (sabaraha-barahana mah sim abdi teu patos apal..), kanggo modal tambihan tiasa ku ngicalan serat saham/andil.
 
Sakitu bae heula, nuju rariweuh...
 
Pihatur,
ssw

"Mr. Runa Inawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum Wr. Wb.
Kumaha damang baraya sadayana anu disuklakna
disiklukna, di kulon, wetan, kaler jeung kidul, anu
dipojok kitu deui anu nuju mojok??? heu…heu….
Ieu teh seja bade ngabewarakeun tur ngalaporkeun hasil
kempelan di Jakarta dinten kemis bada magrib ping 18
Agustus 2005 di rorompokna Kang Maman Gantra anu
agendana teh ngabahas perkawis KUSnet usaha/bisnis.
Anu tiasa ngahdiran dina eta kempelan teh nyaeta Kang
Maman Gantra, Kang Agus Pakusarakan, Kang Irfan Rispandi,
Kang Nanang Ndoell, Simkuring nyalira (Runa tea).
Kempelan diayakuen teh dina raraga neraskeun hasil
gunem catur di Subang ping 14 Agustus 2005 anu salah
saijina ngabahas perkawis KUSnet ngadegkeun
usaha/bisnis. Aya sababaraha tujuan kunaon KUSnet
ngadegkeun usaha, nyaeta anu utamina mah  dina raraga
hoyong sasarengan sami2 ningkatkeun tingkat ekonomi
urang sunda, kanggo ngabiayaan kagiatan2 / program2
ka-KUSnet-an, eta dua tujuan intina mah.
Teras naon wae cenah modal anu dipibanda ku KUSnet teh
anu tiasa dijadikeun modal dasar dina ngawangun
bisnis, nyaeta :
1. Potensi sumberdaya manusia-na anu beda-beda latar belakangna (naon sunda na tah) pendidikanana,
kahlianana, sareng jaringan (networking) anu tos
kawangun.
2. Potensi sumberdaya alam-na berlimpah (sundana
naonnya).
3. Paniatan anu ngagedur hayang ngawangun KUSnet anu
langkung produktif dina ngamumule tur ningkatkeun
harkat, martabat, sareng budaya kasundaan.
Aya sababaraha alternatif bidang usaha anu
direncanakuen teh nyaeta :
1. Bisnis pulsa
2. Suku cadang motor/kendaraan
3. Teknologi informasi (Radio internet, bisnis on
line, warnet, consultan IT, jrd)
4. Informasi
5. Wisata anu dikolaborasikeun sareng
pendidikan+bisnis
6. Home industri
7. Agribisnis
Aya sababaraha alternatif bentuk badan hukum usahana,
nyaeta :
1. Ngangge badan hukum usaha anu tos aya. Badan usaha
anu tos siap teh nyaeta CV. Motekar, PT. Reksa
Gumilang Kencana, atanapi Yayasan Perceka.
2. Ngadamel badan hukum usaha anu enggal (Mangga
kabaraya sadayana anu ngagaduhan ide).
Tah ieu baraya sadayana urang sunda di mana wae ayana.
Kanggo palawargi sadayana boh bilih diantawis bara aya
anu ngagaduhan :
1. Ide Konsep bisnis/usaha anu tos janten dina bentuk
proposal bisnis tiasa dialungkeun tur ditangkodkeun ka
email simkuring di [EMAIL PROTECTED]
2. Bilih diantawis baraya urang sunda sadayana anu
hoyong ngiringan dina usaha KUSnet anu bentuk
partisipasina dina hal nanamkeun modal / investasi,
mangga diantos pisan. Kanggo perkawis ieu sumangga
baraya tiasa ngahubungi ka tim divisi usaha KUSnet anu
salajengna disebat ”Dewan Ekonomi Sunda”.
Pikeun ngametakeun potensi SDM KUSnet Dewan Ekonomi
Sunda bade masihan Kuesioner anu kedah dieusian ku
baraya sadayana.
Kuesioner ieu mangga dieusian teras alungkeun wae  ka
serelek simkuring di [EMAIL PROTECTED]
Teras ka kuncen nyuhunkeun bantosanana, kumaha upami
kuesioner ieu tiasa di serat dina ”footer” millis
ieu. Kana bantosanan hatur nuhun pisan.
Ari anu disebat ”Dewan Ekonomi Sunda” jamlina teh
nyaeta :
1. Kang Irfan Rispandi ([EMAIL PROTECTED])
2. Kang Maman Gantra ([EMAIL PROTECTED])
3. Kang Agus Pakusarakan ([EMAIL PROTECTED])
4. Kang Tantan Hermansah ([EMAIL PROTECTED])
5. Kang Boim ([EMAIL PROTECTED])
6. Neng Ivawanti ([EMAIL PROTECTED])
7. Teh Neni Bandung
8. Kang Oman ([EMAIL PROTECTED])
9. Kang Nanang ([EMAIL PROTECTED])
10. Simkuring Runa Inawan ([EMAIL PROTECTED])

Kanggo ngabahas KUSnet Usaha salajengna bade diayakeun
deui kempelan nyaeta :
Dinten/Kaping : Sabtu, 27 Agustus 2005
Tabuh      : 10.00 WIBK (Waktos Indonesia Beulah Kulon)
Tempatna : Bogor (Kanggo samentawis di Hanjuang Bodas)
Agendana bahasanana :
1. Ngabahas sistem manajemen usahana kaitanana sareng
KUSnet.
2. Kumaha ngokolakeun ramatloka (web site)
www.urang-sunda.or.id supados langkung produktif,
karawat, tur munel sareng tiasa janten salah saiji web
site anu tiasa janten referensi dina budaya kasundaan.

3. Ngonsep KUSnet Siaran di Radio-radio.
Sumangga kanggo anu aya perhatosan kana
KUSnet/Kasundaan diantos kasumpinganana.

Dina sajeroning padungdengan aya sababaraha catetan
anu intinamah kumaha KUSnet kapayuna, kumaha KUSnet
kedah lumaku. Diantawisna ditingali tina struktur
ka-organisasian KUSnet nya eta kieu :
1. Pembina/Penasehat
2. Ketua Umum
3. Sekretaris Jenderal
4. Bendahara
5. Dewan KUSnet :
a. Dewan Ekonomi Sunda
b. Dewan Komunikasi Sareng Informasi Sunda (Teknologi
Informasi sareng Media Massa)
c. Dewan Budaya Sareng Adat Sunda
d. Dewan Hukum Sareng Advokasi Sunda
e. Dewan Sosial Kemasyarakatan Sunda
Intinamah kumaha supados KUSnet teh langkung
terorganisir sareng mantep dina raraga ngamajengkeun
kasundaan.

NB :
Sareng panginten urang ayeuna mah KUSnet tos waktosna
kanggo ngagaduhan VISI sareng MISIna organisasina,
sanaos cenah KUSnet mah organisasi teu aya bentukna.
Tah kumargi kitu hayu KUSnet teh ayeuna mah dibentuk
langkung serius supados aya bentukna. Saur kang MH mah
cenah kieu "Hayu bentuk Pasukan darat KUSnet".

Punten pisan ieu mah sanes nitah tp miwarang ieu
mah,he...he...kanggo KUNCEN nyuhunkeun bantosanana
kanggo mostingkeun ieu seratan ka sadayana anggota
millis [EMAIL PROTECTED]

Sakitu anu kapihatur, kirang langkungna nyuhukeun
dhapunten , bilih aya anu kirang mangga kanu hadir di
rorompokna kang maman gantra kanggo nambihan.

"HAYU URANG SASARENGAN DINA NGAWANGUN URANG SUNDA
(EKONOMINA, POLITIKNA, PENDIDIKANANA, BUDAYANA,
SOSIALNA, JRD)

Wassalamualikum Wr. Wb.
Baktos ti Pribados,
Runa Inawan - KUSnet



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke