Nambihan postingan sim abdi anu dipostingkeun tadi siang, namung paralun sanes bade : "mareuman/ngaalitan sumanget anu tos ngagedur", namung eta rancana teh kedah
atos-atos nya ngagodogna, kedah dibeuweung diutahkeun, margina sok sieun keuna ku paripaos ; geledug ces, melengkung bekas nyalahan, tujuan anu sae pacogregan anu kapendak, audzu billah... ulah dugi kakitu mah.
Janten urang kedah asak-asak nya rarampa, ngantisipasi perkawis-perkawis anu nehatif tiawalna (aos postingan saderek Ganjar Kurnia ...).
Sok sanaos sacara pribadi sim abdi insya Allah tangtos ngarojong ngabantos satiasana, sakadugana, samampuna, namung ;
 
Naha ieu rancana teh henteu kagasikkan....???
Naha ieu rancana teh henteu luhur teuing ....???,
Tos janten panyakit umum diurang, upami kana hal-hal anu daria sok seueur anu pating lalieus, api-api teu terang, tong tebih-tebih teuing.
Salah sawios conto : ieu anggaota milis teh kacatet aya 1546 jalmi, namung anu kersa ngeusian database mung aya 313 jalmi, padahal naon sesahna..??, sakitu unggal sasih sok dielingan ku kuncen.....
 
Sacara pribadi sim abdi pribadi estu ngarepkeun pisan,kapayun ti ieu komunitas US di internet tiasa ngalahirkeun ramat usaha papada urang sunda, tah kanggo ngadamel eta ramat usaha teh panginten kedah aya hubungan anu raket, anu dalit, siling percaya. Kanggo ngalahirkeun eta hubungan teh panginten kedah sering papendak, kedah sering kempel dialam nyata.
 
Atuh langkung kapayunna ti-ieu komunitas US di internet sim abdi ngarepkeun oge lahirna hiji partey politik anu beresih, anu dipercaya, anu dipikacinta kurahayat. Kanggo dipercaya sareng dipikacinta kurahayat, tangtos urang kedah gaduh karya anu nyata kanggo karaharjaan balarea, kanggo migawe karya anu nyata teu aya deui jalanna urang kedah ngahirupkeun orhanisasi sosial (sanaos hal ieu teu acan tangtos kahontal beh dieu-beh dieu, boa moal kaalaman ku sim abdi).
Geuning dina sajarah urang oge, sateu acan lahir partey-partey politik, dibaladahan ku lahirna orhanisasi sosial, sapertos Budi Utomo, Sarikat Islam ssjb. nembe disusul ku lahirna partey politik.
 
Ringkesna, kanggo ngadamel ramat usaha, raketkeun heula tatali wargi, kanggo ngadamel partey politik hirupkeun heula orhanisasi sosialna. 
 
Ananging kitu upami tea mah riungan kaping 28 Agustus 2005, janten diayakeun, tangtos ieu mangrupi hiji tatapakan kanggo titincakan urang kapayun.
 
Bralll.... "Tandang Makalangan".......   
Ulah rempan ulah ringrang.
 
Pihatur
ssw 
 
"Mr. Runa Inawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum Wr. Wb.
Kumaha damang baraya sadayana anu disuklakna disiklukna,
di kulon, wetan, kaler jeung kidul, anu dipojok kitu deui anu nuju mojok??? heu…heu….
Ieu teh seja bade ngabewarakeun tur ngalaporkeun hasil kempelan
di Jakarta dinten kemis bada magrib ping 18 Agustus 2005 di rorompokna Kang Maman Gantra anu agendana teh ngabahas
perkawis KUSnet usaha/bisnis.
Anu tiasa ngahdiran dina eta kempelan teh nyaeta Kang Maman Gantra,
Kang Agus Pakusarakan, Kang Irfan Rispandi, Kang Nanang Ndoell,
Simkuring nyalira (Runatea).
Kempelan diayakuen teh dina raraga neraskeun hasil gunem catur
di Subang ping 14 Agustus 2005 anu salah saijina ngabahas
perkawis KUSnet ngadegkeun usaha/bisnis.
Aya sababaraha tujuan kunaon KUSnet ngadegkeun usaha, nyaeta anu
utamina mah dina raraga hoyong sasarengan sami2 ningkatkeun tingkat
ekonomi urang sunda, kanggo ngabiayaan kagiatan2/program2 ka-KUSnet-an, eta dua tujuan intina mah.
Teras naon wae cenah modal anu dipibanda ku KUSnet teh
anu tiasa dijadikeun modal dasar dina ngawangun
bisnis, nyaeta :
1. Potensi sumberdaya manusia-na anu beda-beda latar belakangna
(naon sunda na tah) pendidikanana, kahlianana, sareng jaringan
(networking) anu tos kawangun.
2. Potensi sumberdaya alam-na berlimpah (sundana naonnya).
3. Paniatan anu ngagedur hayang ngawangun KUSnet anu langkung
   produktif dina ngamumule tur ningkatkeun harkat, martabat, 
sareng budaya kasundaan.
Aya sababaraha alternatif bidang usaha anu direncanakuen teh nyaeta :
1. Bisnis pulsa
2. Suku cadang motor/kendaraan
3. Teknologi informasi (Radio internet, bisnis on line, warnet,  consultan IT, jrd)
4. Informasi
5. Wisata anu dikolaborasikeun sareng pendidikan+bisnis
6. Home industri
7. Agribisnis
Aya sababaraha alternatif bentuk badan hukum usahana,
nyaeta :
1. Ngangge badan hukum usaha anu tos aya. Badan usaha
anu tos siap teh nyaeta CV. Motekar, PT. Reksa
Gumilang Kencana, atanapi Yayasan Perceka.
2. Ngadamel badan hukum usaha anu enggal (Mangga
kabaraya sadayana anu ngagaduhan ide).
Tah ieu baraya sadayana urang sunda di mana wae ayana.
Kanggo palawargi sadayana boh bilih diantawis bara aya
anu ngagaduhan :
1. Ide Konsep bisnis/usaha anu tos janten dina bentuk
proposal bisnis tiasa dialungkeun tur ditangkodkeun ka
email simkuring di [EMAIL PROTECTED]
2. Bilih diantawis baraya urang sunda sadayana anu
hoyong ngiringan dina usaha KUSnet anu bentuk
partisipasina dina hal nanamkeun modal / investasi,
mangga diantos pisan. Kanggo perkawis ieu sumangga
baraya tiasa ngahubungi ka tim divisi usaha KUSnet anu
salajengna disebat ”Dewan Ekonomi Sunda”.
Pikeun ngametakeun potensi SDM KUSnet Dewan Ekonomi
Sunda bade masihan Kuesioner anu kedah dieusian ku
baraya sadayana. Format Kuesionerna sapertos kieu :
Nami                  :
Yuswa                  :
Padamelan/Jabatan      :
Alamat rorompok            :
Alamat kantor            :
No. Tlp. Kantor/rorompok :
HP                  :
Email                  :
ID Yahoo Messenger      :
Background Pendidikan (naon tah basa sunda) :
Kaahlian khusus/keterampilan :
Bahasa asing anu tiasa      :
Home Page / Blog      :
Kuesioner ieu mangga dieusian teras alungkeun wae  ka
serelek simkuring di [EMAIL PROTECTED]
Teras ka kuncen nyuhunkeun bantosanana, kumaha upami
kuesioner ieu tiasa di serat dina ”footer” millis
ieu. Kana bantosanan hatur nuhun pisan.
Ari anu disebat ”Dewan Ekonomi Sunda” jamlina teh
nyaeta :
1. Kang Irfan Rispandi ([EMAIL PROTECTED])
2. Kang Maman Gantra ([EMAIL PROTECTED])
3. Kang Agus Pakusarakan ([EMAIL PROTECTED])
4. Kang Tantan Hermansah ([EMAIL PROTECTED])
5. Kang Boim ([EMAIL PROTECTED])
6. Neng Ivawanti ([EMAIL PROTECTED])
7. Teh Neni Bandung
8. Kang Oman ([EMAIL PROTECTED])
9. Kang Nanang ([EMAIL PROTECTED])
10. Simkuring Runa Inawan ([EMAIL PROTECTED])
Kanggo ngabahas KUSnet Usaha salajengna bade diayakeun
deui kempelan nyaeta :
Dinten/Kaping : Sabtu, 27 Agustus 2005
Tabuh      : 10.00 WIBK (Waktos Indonesia Beulah Kulon)
Tempatna : Bogor (Kanggo samentawis di Hanjuang Bodas)
Agendana bahasanana :
1. Ngabahas sistem manajemen usahana kaitanana sareng
KUSnet.
2. Kumaha ngokolakeun ramatloka (web site)
www.urang-sunda.or.id supados langkung produktif,
karawat, tur munel sareng tiasa janten salah saiji web
site anu tiasa janten referensi dina budaya kasundaan.

3. Ngonsep KUSnet Siaran di Radio-radio.
Sumangga kanggo anu aya perhatosan kana
KUSnet/Kasundaan diantos kasumpinganana.

Dina sajeroning padungdengan aya sababaraha catetan
anu intinamah kumaha KUSnet kapayuna, kumaha KUSnet
kedah lumaku. Diantawisna ditingali tina struktur
ka-organisasian KUSnet nya eta kieu :
1. Pembina/Penasehat
2. Ketua Umum
3. Sekretaris Jenderal
4. Bendahara
5. Dewan KUSnet :
a. Dewan Ekonomi Sunda
b. Dewan Komunikasi Sareng Informasi Sunda (Teknologi
Informasi sareng Media Massa)
c. Dewan Budaya Sareng Adat Sunda
d. Dewan Hukum Sareng Advokasi Sunda
e. Dewan Sosial Kemasyarakatan Sunda
Intinamah kumaha supados KUSnet teh langkung
terorganisir sareng mantep dina raraga ngamajengkeun
kasundaan.
NB :
Sareng panginten urang ayeuna mah KUSnet tos waktosna
kanggo ngagaduhan VISI sareng MISIna organisasina,
sanaos cenah KUSnet mah organisasi teu aya bentukna.
Tah kumargi kitu hayu KUSnet teh ayeuna mah dibentuk
langkung serius supados aya bentukna. Saur kang MH mah
cenah kieu "Hayu bentuk Pasukan darat KUSnet".
Punten pisan ieu mah sanes nitah tp miwarang ieu
mah,he...he...kanggo KUNCEN nyuhunkeun bantosanana
kanggo mostingkeun ieu seratan ka sadayana anggota
millis [EMAIL PROTECTED]
Sakitu anu kapihatur, kirang langkungna nyuhukeun
dhapunten , bilih aya anu kirang mangga kanu hadir di
rorompokna kang maman gantra kanggo nambihan.
"HAYU URANG SASARENGAN DINA NGAWANGUN URANG SUNDA
(EKONOMINA, POLITIKNA, PENDIDIKANANA, BUDAYANA,
SOSIALNA, JRD)
Wassalamualikum Wr. Wb.
Baktos ti Pribados,
Runa Inawan - KUSnet



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke