Nasehat anu kalintang saena. Abdi 100% sapagados sareng ieu nasehat. Ka baraya oge omat sing emut perkawis ieu. 'duit'  teh salah sahiji senjata syetan kanggo muragkeun jalma kana naraka.
Mung najan dikumahakeun oge widang ekonomi teh widang anu kacida pentingna, sakitu penting-na nepika jadi salahsahiji rukun Islam anu wajib ditegakkeun ku sakumna jalma muslim, nyaeta zakat tea. Pan eta teh simbol Ekonomi (punten ketang ieu numutkeun abdi). Islam nyata pisan miwarang urang terjun kana masalah ekonomi, ekonomi anu basis balarea, lain konglomerasi.
Hayu ah urang taklukeun widang ieu ku US, insya Alloh.


From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Ganjar Kurnia
Sent: Monday, August 22, 2005 3:43 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: RE: Balasan: RE: [kisunda] Re: [Urang Sunda] "Bewara Ti Dewan Ekonomi Sunda (KUSnet)"

Wilujeng ka dulur-dulur garaduh niat saé, hoyong aya aktifitas dina widang ékonomi. Sok sanaos kitu, aya sababaraha anu kedah janten bahan pertimbangan:
 
  1. Antawis aktifitas sosial sapertos kusnet sareng aktifitas ékonomi mangrupikeun dua hal anu bénten. Malihan aya pangémut  yén nanjeurna kusnet téh jalaran mangrupi jaringan alias sanés organisasi anu sipatna formal. Dina waktos organisasi janten formal, para nggota sareng pangurus kaiiket ku hak sareng kawajiban. Pangalaman nunjukkeun, yén hiji organisasi anu satadina informal (mangrupikeun jaringan téa) dina waktosna diformalkeun malihan janten gejed. Naon margina? sakapeung urang sok teu siap "berorganisasi" dina hartos ngalaksanakeun hak sareng kawajiban masing-masing, ogé teu siap bénten pamadegan. Contona, upami organisasi janten formal kapan unggal taun kedah aya rapat anggota kanggé pertanggel waleran pangurus. Upami pangurus teu ngalaksanakeun tugas, kapan sok dikritik? Naha urang sadaya parantos siap, nampi kritikan ti nu sanés? Salah sawios kalemahan urang nyaéta tara tiasa misahkeun antawis pribadi sareng organisasi. Upami aya pacogrégan di organisasi kapan sok teras neuteuli anu mawa pangaruh kana hubungan pribadi. Kanyataan sapertos kieu, sanés di US wungkul, tapi méh janten sipat bangsa Indonesia. Mangga waé tinggali, ampir sadaya partéy nuju aya dina pacogrégan -- malihan ngadaramel kapangurusan kembar (PDI, PBB, PKB); upami henteu aya ogé anu murukusunu bari kaluar ti partéy (contona kelompok Fuad Bawazier ti PAN, atanapi kelompok Fahmi Idris ti Golkar). Upami pikitueun lebar teuing ku kusnet, anu sok sanaos ayeuna informal, tapi duduluranana karaos pisan. Malahan seuseueur na mah kapan teu acan paamprok jonghok patepang raray. 
  2. Komo deui anu badé digarap téh kagiatan ékonomi, anu aya sangkut pautna sareng masalah artos. Artos téa, kapan seueur kacarioskeunana; malihan diantawis dulur pituin ogé ku artos mah seueur anu paburantak. Kukituna kedah atos-atos. Upami "organisasi ekonomi" ieu badé dibentuk, saéna ulah dipatalikeun langsung sacara organisasi sareng kusnet, kalebet anu ngokolakeunana. Upami badé dipatalikeun ogé, paling-paling ngadamel klausul dina ugeran dasar sareng ugeran rumah tangga anu unina "organisasi ekonomi ieu teu mibanda hubungan kaorganisasian sareng kusnet, tapi sabagian tina kauntunganana (langkung saé deui upami disebatkeun persénna) baris dihibahkeun ka kusnet.  Atuh anu ngurusna, kedah misah tina organisasi ekonomi téh bilih jeung bisi isuk jaganing géto aya pacogrégan kusnet salaku "organisasi" teu kacacandak. 
  3. Ngawangun kagiatan ékonomi tangtosna ulah janten kagiatan "sampingan"; kedah dikelola kalawan leres tur profesional. Ninggali anu garaduh alpukah (pemrakarsa), diantawisna siga (kumargi seueur anu teu acan tepang) anu parantos karagungan damel. Kukituna, upami anu garaduh alpukah badé ancrub langsung kedah wantun cul gawé anu dicabak ayeuna, upami henteu ogé cekap ku nyimpen saham.    
  4. Luyu sareng sipatna (kelompok jaringan), dina raraga ngahirupan kusnet, saleresna aya alternatif sanés, nyaéta  ku silih simbeuhan "proyek" luyu sareng kaahlian masing-masing. Sapertos disebatkeun di luhur, dina kontrak anu dipidamel diantawis dua anggota kusnet (tiasa ogé "di bawah tangan") disebatkeun yén sabagian tina kauntungan kedah disumbangkeun keur kusnet (palebah dieu urang saréréa baris diuji, upami tos nyepengan artos émut atanapi henteu kana idéalisme organisasi: baca, kasundaan).  

Seratan ieu sané badé meunggaskeun rarancang anu parantos dipadungdengkeun, tapi saukur ngémutan; kapan saur paribasa ogé kedah "masing asak-asak ngéjo ..........................". Pribados prinsipna ngadukung, kalawan merhatoskeun hal-hal anu tos dipedar di luhur. Lamun ieu organisasi ekonomi téh jalan, urang bakal tiasa meunggaskeun piwuruk sepuh anu nyebatkeun "ulah nyaba sasampayan -- ulah dagang papatungan". Urang kedah tiasa ngabuktoskeun yén urang sunda tiasa ogé "berorganisasi" (kompak sareng anu sanés -- nyaba sasampayan) sareng ngokolakeun ekonomi (dagang papatungan). Breng lah.

 

 

"Mr. Runa Inawan" <[EMAIL PROTECTED]> a écrit :

Insya Alloh pasosonten urang conference.
Pamugi tiasa urang ngobrol2.
Y: runa_inawan

Ato Riyanto <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Hapunten mun lokasi di Bandung dsk mah, optimis tiasa hadir...hapunten.
Usul we ieu mah, kumaha mun Yahoo Conference, anggap we 'pemanasan' we lah
 
salam
ato ti gerlong hilir nomer 47 bandung
YM ID: jaluwuyung (bogalakon dina carita 'Puragabaya').


From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Dudi Herlianto
Sent: Monday, August 22, 2005 1:41 PM
To: kisunda@yahoogroups.com
Cc: urangsunda@yahoogroups.com; [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] "Bewara Ti Dewan Ekonomi Sunda (KUSnet)"

Cung....
 
Nu ngacung, bade sumping.
1. Runa Inawan-Bogor
2. Eko Ruska Nugraha-Bogor
3. Dudi- Bogor



--
Dudi Herlianto
[EMAIL PROTECTED]
urangsunda@yahoogroups.com
http://dudiherlianto.multiply.com/photos/


Apakah Anda Yahoo!?
Sekarang dengan penyimpanan 1GB
http://id.mail.yahoo.com/



Appel audio GRATUIT partout dans le monde avec le nouveau Yahoo! Messenger
Téléchargez le ici !

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke