eh Kang Darmawan teh Angkatan 91 pan nya ?
inget keneh sayah, keur ospek dihukum pedah tali sapatu teu sarua warna-na jeung nu sejen...
keukeuh we sayah gogorowokan ka senior yen tali sapatu sayah teh Kuning FEKON...
harita Kang Syaiful - Ketua Senat, Kang Darmawan - Sekjen...
 
 
 
^_^
Kuning FEKON'93
 
----- Original Message -----
Subject: [Urang Sunda] Asep Berlian , sok waas


Salam,


Ah, Asep Berlian. Raka, batur jaman taun-taun awal
90-an. Anjeunna di ITB, sim kuring di Unpad. patepung
teh nya kitu jeung kitu wae. Mun teu di lapangan
parkir utara Unpad,--ngademo larangan jilbab, SDSB,
nya di Liga Film mahasiswa (LFM) ITB, lalajo pelem
murah. Keur kitu teh bisa nakolan korsi deuih, mun
pelemna lila diputer.

Ah Kang Asep,--lila-lila da loma, kuring ngan nyebut
Asep wungkul. Baheula mah tara tuna ti saragamna: buuk
jabrik panjang, jaket kumel, siga nu kuring. sapatu
boots cara  nu sok dipake ku nu tarumpak Harley. Ari
dahar mun jeung kuring mah sok di Si Bu
Tunduh,--teuing aya keneh kitu? Di pengkolan jalan
Dipati Ukur jeung jalan singaperbangsa. Murah, jeung
gule ngan 500 perak. Mun keur aya duit kakara ka Haur
Mekar atawa ke Gratia di Sekeloa. Ubyung ulubiung
jeung batur nu rata-rata boga duit bulanan ti indung
bapana. Kuring jeung Asep? Nya kitu tea we....

Meuting biasana di Masjid Salman , kadang di kampus
UNPAD, di GSSTF. Hiji dua aya oge datang ka 'pondokan'
kuring, Masjid UNPAD Dipati Ukur, peuting-peuting.
Biasana mun Asep datang, der we ngobrol parat ka
subuh. Atawa mun keur aya duit, nya ngurilingan
Bandung. Leumpang we, tara ieuh make angkot atawa
motor.

Alhamdulillah atuh, ari geus jadi jalma mah kang Asep.
Ngiring bingah,lah.

Darmawan Sepriyossa


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke