Sa kakuping abdi ayeuna tos teu rame deui. Tempat 'ngadu bako'
na,--tempat lelang bako--, parantos dilandih janten musieum bako. Nuju
lebaran kamari kaleresan sholat ied wargi indonesia di dinya,
dilebetna aya peta indonesia(peta daerah bako di indonesia) dina
tembok ngajeblag, korsi-korsina-meja na ngindonesia pisan, aya lukisan
bali, lukisan jawa, panginteun patilasan kajayaan bako urang mangsa ka
tukang.
Minggon kamari kaleresan Kapal Dewa Ruci, TNI AL badarat di
bremerhaven, patepang sareng urang sukabumi, kang yaman,  kang acep ti
tasik, --Abk kapal-, saurang deui urang cirebon, kaleresan teu aya
batur urang sunda di dieu, sono ngadu bako dina bahasa sunda, nya der
bae ngadu bako make bahasa sunda. Karaos ngadu bako teh nikmat na, :).

kitu bae heula

joko
(wayah kieu, panginten nuju ngantosan date line terbit nya?)

--- In urangsunda@yahoogroups.com, jaka ekalaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Alhamdulillah,
> Tepang deui sareng dulur. Kumaha, masih keneh jadi
> tempat 'ngadu bako' Indonesia, Bremen teh?
> 
> DS

> > > Salam, 
> > > Ah, Asep Berlian. Raka, batur jaman taun-taun awal
> > > 90-an. Anjeunna di ITB, sim kuring di Unpad.
> > patepung
> > > teh nya kitu jeung kitu wae. Mun teu di lapangan
> > > parkir utara Unpad,--ngademo larangan jilbab,
> > SDSB,
> > > nya di Liga Film mahasiswa (LFM) ITB, lalajo pelem
> > > murah. Keur kitu teh bisa nakolan korsi deuih, mun
> > > pelemna lila diputer. 
> > > Ah Kang Asep,--lila-lila da loma, kuring ngan
> > nyebut
> > > Asep wungkul. Baheula mah tara tuna ti saragamna:
> > buuk jabrik panjang, jaket kumel, siga nu kuring.
> > sapatu boots cara  nu sok dipake ku nu tarumpak Harley.
> > Ari dahar mun jeung kuring mah sok di Si Bu
> > > Tunduh,--teuing aya keneh kitu? Di pengkolan jalan
> > > Dipati Ukur jeung jalan singaperbangsa. Murah,
> > jeung gule ngan 500 perak. Mun keur aya duit kakara ka
> > Haur Mekar atawa ke Gratia di Sekeloa. Ubyung ulubiung
> > > jeung batur nu rata-rata boga duit bulanan ti
> > indung bapana. Kuring jeung Asep? Nya kitu tea we....
> > >  Meuting biasana di Masjid Salman , kadang di
> > kampus UNPAD, di GSSTF. Hiji dua aya oge datang ka
> > 'pondokan'
> > > kuring, Masjid UNPAD Dipati Ukur, peuting-peuting.
> > > Biasana mun Asep datang, der we ngobrol parat ka
> > > subuh. Atawa mun keur aya duit, nya ngurilingan
> > > Bandung. Leumpang we, tara ieuh make angkot atawa
> > > motor. 
> > > Alhamdulillah atuh, ari geus jadi jalma mah kang
> > Asep.
> > > Ngiring bingah,lah.
> > > 
> > > Darmawan Sepriyossa





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
<font face=arial size=-1><a 
href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hgjqc74/M=320369.6903865.7846595.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1124824400/A=2896110/R=0/SIG=1107idj9u/*http://www.thanksandgiving.com
">Help save the life of a child. Support St. Jude Children¿s Research 
Hospital</a>.</font>
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke