Lah aing mah, padahal nulis teh sabulangbentor, ari pek dipariksa deui...

Maksud kuring sistematis teh, nyaeta ayana pangrojong ti pamarentah anu kuat & nyata (finansial & kawijakan publik, da ari ku slogan2 wungkul mah moal guna), misalna ngarojong panalungtikan kasundaan, boh basana atawa budayana sacara umum. Lajeng, aya deui kurikulum pangajaran/panalungtikan basa Sunda nu alus (kiwari mah geuning, sok kabejakeun sumebarna buku2 cepengan keur barudak sakola nu kualitasna teu loyog), boh di sakola2 dasar, oge di paguron luhur anu husus nalungtik basa/sastra Sunda, katut sarana2 pangrojongna.

Lian ti eta, masarakat nu geus eling kana pentingna hal ieu, babarengan jeung pamarentah perlu pisan ngahangkeutkeun gerakan mikareueus basa Sunda salaku basa indung warisan karuhun nu ulah nepi ka ditinggalkeun, di sagigireun basa2 sejen nu diperlukeun pikeun hirup kumbuh dina lingkungan bangsa Indonesia & masarakat sadunya. Mun masarakatna geus sadar, tangtu moal asa2 ngajarkeun basa Sunda ka barudakna teh, nyaeta lingkungan nu kondusif pikeun tumuwuhna basa Sunda.

Sakitu heula ah, keur jejedudan sirah ieu teh...

jk

2005/8/24, Mr. Runa Inawan <[EMAIL PROTECTED]>:
sistematis anu sapertos kumaha tah, aya teu baraya anu ngagaduhan konsepna anu sistematis tur hade?
 
Ari saur simkuring mah, kedah na salah saijina kieu:
1. Satekah polah dimana wae urang ayana, upamana panggih jeung papada urang sunda jeung nu bisa basa sunda, kedah nyarios sunda.
2. Anu awalna mah kedah ditanamkeun ti mimiti lingkungan keluarga urang heula.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke