Kang ieu syukur usul ditampi syukur, heunteu oge teu naon-naon, ningali kana
acara rupina padet pisan, janten ngabutuhkeun waktos nu teu sakedik, abdi
bade usul :
1. Acara dijalankeun tepat waktu (tabuh 09.00 WIBK), teu kedah ngantosan si
A atanapi si B, agendakeun bae nu dibahas ieu itu jst, margina hawatos kanu
tarebih bilih waktosna teu cekap, komo deui ieu tempatna di Dramaga, tos
pasti tempatna ti puseur kota bogor rada tebih ditambih macetna tea.
2. Nalika di rorompok Teh Imas, kaleresan abdi kenging pancen janten
koordinator wilayah Banten kanggo tim survey, mung dugi ayeuna abdi teu acan
terang halal bi halal teh bade diayakeun di villa, atanapi nganggo konsep
pedesaan sapertos nu diusulkeun ku Kang Maman Gantra, masalahna upami survey
di 2 konsep nu teu acan ditangtoskeun baris ngabutuhkeun waktos nu teu
sakedik dibanding parantos ditangtoskeun konsepna, janten tiasa milari villa
wungkul atanapi lumpat ka pilemburan wungkul, kukituna kanggo nyingket
waktos pasamoan 4 sept 2005 engke, diputuskeun bae konsepna ayeuna.
Abdi mah mung tiasa usul, atuh neda dihampunten bilih aya kalimah nu teu
merenah kana manah sadaya.

Wassalam
----- Original Message -----
From: "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Thursday, August 25, 2005 3:47 PM
Subject: [Urang Sunda] Bewara Kopdar Kusnet - Bogor - 4 September 2005


Ehm...!
Assalamu'alaikum Warrohmatullohi wabarokaaaatuh

baraya Kusnét dimana waé ayana,
Sapertos nu dibéwarakeun sateuacanna, Kusnét bade ngayakeun kopdar
rutin bulanan anu Insya Allah badé diayakeun dina :

Dinten Minggu, ping 4 September 2005
Tabuh 9 (salapan) enjing nepi ka réngsé
Tempatna di Aula Kampus IPB - Darmaga Bogor
Agénda acara diantawisna :
- Silaturahmi jeung wawanohan
- Maheutkeun deui Acara halal bihalal Kusnét taun ieu sakalian
  ngabentuk panitia Halal Bihalal
- Maparkeun rencana gawé Dewan Ekonomi &
  Tim nu bakal ngokolakeun websait/ramatloka Kusnet

Kumargi pentingna ieu acara, peryogina ideu sareng masukan-masukan ti
balaréa, ka baraya anu salsé, baraya enggal nu hoyong tepang, baraya
nu mikareueus jeung nu ngarasa miboga ka KUSnét dihaturanan sareng
diantos pisan kasumpinganana.

Hususon kanu kénging pancén janten tim survéy tempat kanggo Halal
Bihalal, diantos laporanana lengkep sareng data-datana.

Anu badé ngiringan, mangga konfirmasi ka
Téh Imas : 0813 11396953
Kang Ndoell : 0812 9056192
Kang Runa : 0818109410

Wassalamu'alaikum Warrohmatullohi wabarokaaaatuh

Hatur nuhun,
-Ndoell-


én-bé :

<< Rute :
* Ti Stasiun Bogor - ti payuneun matahari naek angkot 02, 07, 03 ka
  term. Bubulak - teras  naek angkot deui ka Darmaga
* Ti Terminal Baranang Siang - naek angkot (03) ka term. Bubulak -
  teras naek angkot deui ka Darmaga


<< Nu tos konfirmasi bade ngiringan (ceunah) :
- Kang Runa (bgr)
- Kang Eko (bgr)
- Kang Rezza (bgr)
- Kang Dudi (bgr)
- Teh Anna (bgr)
- Teh Mia (bgr)
- Barudak Lingkung Seni Gentra Kahéman IPB
- Kang Tirta (jkt)
- Kang Ikmal + Teh Ani (jkt)
- Kang Maman Gantra (jkt)
- Teh Imas (jkt)
- Kang Miih (jkt)
- Kang Maman (jkt)
- Kang Agus Azzo (jkt)
- kang Irfan (jkt)
- Teh Ina Ratnawulan (depok)
- Teh Tia (depok)
- Teh Gia (cikarang)
- Teh Titi (cikarang)
- Teh Iva Wanti (bandung)

.....Bogor..bogor...bogooooor......kosong kénéh...!!!!!!










Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links









------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn.
http://us.click.yahoo.com/IG3KmC/2zNLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke