Title: Message
Ngiringan ah. Abdi sanes pendukung SBY (Kapungkur waktos pamilu nyolok Amien Rais, anu kawon tea).  Kurang sae upami sagala kasalahan ditumpahkeun ka SBY. 
 
Naekna dolar atanapi lemahna rupiah ka Rp 11.000 kapengaruh : (1) harga minyak dunia US$ 70 per barel (saha anu nyangka minyak dunia dugi ka kieu.  Analis global ti 100 institusi oge teu tiasa memprediksi sabaraha harga minyak taun ieu). (2) faktor internal. Pelaku pasar ragu ka kamampuan (anggaran) pemerintah. Tiasa teu nyiapkeun artos dugi ka Rp 150 triliun ukur keur subsidi BBM (padahal eta subsidi teh ngan ukur jadi haseup knalpot mobil/motor. Sedihna deui eta artos subsidi seurna ditampi oge ku jalma beunghar.  Maenya jalmi miskin anu naek angkot meser bensin Rp 2.400 per leter sami jeung jalmi benghar nu gaduh 4 mobil (mewah deui). Si Benghar oge meser bensin Rp 2.400 per leter).
 
Mun cuk abdi, mun kaayaana siga kieu, saha wae anu jadi presiden bakal lieur. Rek Megawati, Amien Rais, Gus Dur, Superman oge lieur mingpin Indonesia.  Naon sababna? Pan nagara rusak siga kieu teh warisan lama.  Bangsa urang lami teuing ngaraos enak dialem ku Soeharto.  Harga-harga mirah, bengsin murah (pan disubsidi ku pamarentah). Pokokna sagala endah wae lah.  Bangsa urang tos lami teu uninga dupi kauangan nagara teh sabenerna mah ancur-ancuran.
 
Cik tingali, ayeuna urang lain deui net exporter minyak, tapi geus jadi net importir minyak.  Pertamina teu sanggup deui masok minyak (BBM) ukur ti dalem negeri, tapi kudu impor.  Pertamina kudu ngimpor minyak sabulan anu nilaina US$ 1,6-19 miliar  (leuwih ti Rp 16 triliun). Nya enya wae kapaksa neangan dolar ti pasar (dengan hukum suplai-demand, dolar dicari jelas rupiah terus loyo). Pertamina kudu impor, nyaeta nedunan bangsa urang nu boros BBM. Eta ukur ti BBM, teu acan duit rakyat dirampok koruptor ti jaman baheula, utang luar negeri numpuk jrste. Tah mus tos kieu, pasti lieur SBY.
 
Tah, pasti SBY (saha wae presiden na) ningali APBN defisit na ageung, subsidi naek terus, lami-lami mah nyandak kabijakan nu teu populer ka rakyat.  Sigana mah, subsidi BBM dipotong. Naon hartina, harga BBM bakal naek deui. Emang pait pisan keur rakyat (sami sim kuring ge pait pisan. Naek angkot wae dugi ka opat kali ka Jakarta). Tapi kedahna mah rakyat kedah ngartos kondisi nagara urang teh keur rusak. Tibatan ngamuk, mendingan mengawasi pamarentah nu rek mindahkan duit subsidi (Rp 150 triliun) langsung ka jalmi miskin. Duit eta keur pengobatan rakyat, pendidikan rakyat, insfrastruktur, jeung mayar gaji pagawe negeri (PNS).  Emang ieu pertaruhan kanggo SBY : berhasil atau jatuh (diturunkeun rakyat).
 
Punten ah sakali deui. Eta mah pendapat pribados. Nu sanes tiasa teu satuju.
 
 
 
 
----- Original Message -----
From: Miih
Sent: Tuesday, August 30, 2005 11:09 AM
Subject: RE: [Urang Sunda] Hebat Pamarentahan SBY sagalana aya paningkatan

Ulah meni kitu atuh baraya,
meni kudu doraka abdi mah alim ach
naudzubillahi mindzalik
 
ulah meni su'udzon kitu atuh
pan mimpin jalmi anu sakieu
seueurna susah kang,..
pan Penduduk Indonesia teh
kacida seueurna..
 
boro2 mimpin jalmi anu seueur
baru tingkat RT oge pan meni susah
komo mimpin tingkat Nasional mah
Pak SBY teh ulah meni disalahkeun
 
mun teu salah mah sepak terjang
jeng kerja keras pak SBY buat Masyarakat teh
tos dijalankeun...
ngarana oge jalmi teu sempurna jeng deui
kemampuana terbatas...
 
contohna ka office abdi oge tos tilu kali
terus kukurilingan di Kawasan Industri
setelah itu kukurilingan deui ka lembur
ka Masyarakat....
coba mun ditilik-tilik mah ti jaman soeharto
oge can aya president turun ka Masyarakat
daekeun kukurilingan di kampung..
 
nah eta contoh president daek bermasyarakat teh
 
punten we kanggo kasadayana...
 
 
 -----Original Message-----
From: Deny Suwarja [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, August 30, 2005 10:40 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Hebat Pamarentahan SBY sagalana aya paningkatan

heuheuheu, hiji deui kang! pangangguran bakal naek jadi 70% cenah!
Doraka tah siah anu nyolok jeung marilih SBY!
 
Uing mah golput ieuh we! anu jelas mah, uing neang bensin jang motor kolot kuring jeung minyak tanah jang masak kudu kukulintingan heula, jabaning ampir tiap waktu lampu/listrik pareum wae!
 
Dny
 
 


Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sanggeus sawatara waktu SBY calik dina korsi
kapersidenan, geus katingali aya kamajuan, sagalana
geuningan meningkat dengan pesat, diantwisna:

1. Dollar naek pesat pisan, saurna diprediksi bakal
kena kana level 16.000 perak.
2. Jumlah pangangguran oge naek kacida pesatna.
3. BBM oge naek deuih.
4. Kajahatan, di taksi, dimana bae oge teu kinten
naekna.
5. Koruptor bergerak kacida pesatna sabab
masing-masing gaduh pesawat jet nyalira.

Mangga naon deui tah nu naek pesat teh?

Nu turun mah sigana ngan moral jeung harga diri.

KangYa


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Start your day with Yahoo! - make it your home page


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke