Wa'alaikumsalam Wr. Wb
 
Euleuh, mani reumpeug anu rek ngiringan, ngiring atuh si teteh.........Kang dul, teteh miluuuu....! mangga wilujeng wae atuh kanu bade ngiring gempungan, si ipeut mah mung ukur sapuk kana rencana dewan ekonomi, mangga ngiringan wae. Sok catet wae si ipeut ngiring janten anggota koprasi
 
.
Ipeut
( tanggal sakitu mah nuju aya di luar Indonesia )

ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum Warrohmatullohi wabarokaaaatuh

baraya Kusnét dimana waé ayana,
Sapertos nu dibéwarakeun sateuacanna, Kusnét bade ngayakeun kopdar
rutin anu Insya Allah badé diayakeun dina :

Dinten Minggu, ping 4 September 2005
Tabuh 9 (salapan) enjing nepi ka réngsé
Tempatna di  Pondok Sengked Adi sanggoro,
Cangkurawok, Desa Babakan, Kampus Dalam IPB,
Kecamatan Darmaga, Bogor.
(( Pengkereun kampus ))

Agénda acara diantawisna :
- Silaturahmi jeung wawanohan
- Maheutkeun deui Acara halal bihalal Kusnét taun ieu sakalian
  Ngabentuk panitia Halal Bihalal
- Maparkeun rencana gawé Dewan Ekonomi &
  Tim nu bakal ngokolakeun websait/ramatloka Kusnet

Kumargi pentingna ieu acara, peryogina ideu sareng masukan-masukan ti
balaréa, ka baraya anu salsé, baraya enggal nu hoyong tepang, baraya
nu mikareueus jeungnu ngarasa miboga ka KUSnét dihaturanan sareng
diantos pisan kasumpinganana.

Hususon kanu kénging pancén janten tim survéy tempat kanggo Halal
Bihalal,diantos laporanana lengkep sareng data-datana.

Anu badé ngiringan, mangga konfirmasi ka :

Téh Imas : 0813 11396953
Kang Ndoell : 0812 9056192
Kang Runa : 0818109410
Kang Rezza : 085691449636

Wassalamu'alaikum Warrohmatullohi wabarokaaaatuh

Hatur nuhun,
-Ndoell-


én-bé :

<< Nu tos konfirmasi bade ngiringan (ceunah) :
- Kang Runa (bgr)
- Kang Eko (bgr)
- Kang Tantan (bgr)
- Kang Rezza (bgr)
- Kang Dudi (bgr)
- Téh Anna (bgr)
- Téh Mia (bgr)
- Barudak Lingkung Seni Gentra Kaheman IPB
- Barudak HIMALAYA (paguyuban tasik)
- Kang Tirta (jkt)
- Kang Ikmal + Téh Ani (jkt)
- Kang Maman Gantra (jkt)
- Téh Imas (jkt)
- Kang Miih (jkt)
- Kang Maman (jkt)
- Kang Agus Azzo (jkt)
- Kang Badru (jkt éks Jambi)
- Kang Irfan (jkt)
- Kang Joni Irawan (jkt)
- Kang Duli (jkt)
- Teh Ina Ratnawulan (dépok)
- Téh Tia (dépok)
- Téh Gia (cikarang)
- Téh Titi (cikarang)
- Kang Kumi (jkt/bdg)
- Téh Iva Wanti (bandung)
- Téh Mpup (bandung)
- Kang Boim (bandung)

Perkawis rute :::
# ti Ciawi ( naek angkot 01)>>terminal Bis Baranang
siang--(naek 03)>>terminal BUBULAK--(*naek 05)>>
Kampus Dalam IPB nu arah ke cangkurawok--Pondok
sengked

# ti Terminal Bis Barangsiang (naek 03) >> terminal
BUBULAK--(*naek 05)>> Kampus Dalam IPB nu arah ke
cangkurawok--Pondok sengked Adisanggoro

#* Ti Stasiun Bogor - ti payuneun matahari (naek angkot 02,03)
>>terminal BUBULAK--(*naek 05)>> Kampus
Dalam IPB nu arah ke cangkurawok(jembatan)--Pondok
sengked Adi sanggoro

katerangan : *naek 05
angkot 05 teh aya 4 jurusan :
1. Anu ka leuwiliang
2. Anu ka ciampea
3. Anu ka Jasinga
3. Anu ka Kampus dalam (pangkalan angkot)
4. Anu ka Kampus dalam (cangkurawok(jembatan)) >>> ((arah tempat
KOPDAR)

*** tah milih angkotna nu jurusan cangkurawok....***

----------------------------------------------------------------------
Bogor....bogooor.....
Mangga Kang ! Téh, kosong kénééééééééééh........
géséran sakedik...éta murangkalihna punten dipangkon wé...
Bogor....bogooor.....bogooooooor...
----------------------------------------------------------------------


Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke