"Hatur nuhun Kang Whisnu anu masihan referensi. Tapi nu hoyong terang
teh kuring mah naha leres aya dina literatur yen mitos atawa legenda di
Tatar Sunda digunakeun ku Walanda kanggo "neunggeul" urang Sunda?"

Akang tiasa ngaos tilu referensi anu pangluhurna anu ku sim kuring di
uningakeun dina email nu ti payun.

"Naha atuh inohong sunda jiga ngahiji jeung urang Walanda? da etnik
sejen oge jiga kitu aya nu ngahiji jeung walanda jeung aya oge anu
henteu. Sabab jaman harita mah, umumna nu barontak teh lain ka Walanda,
tapi ka pangawasa pribumi terus dibantuan ku Walanda."

Punten Kang sakateurang abdimah jaman harita teh nu janteun pangawasa
the Gubenrnur Jendral Hindia Belanda, sapertos Snuck Hurgonye di Jawa
Barat sareng Van der Flas di Jawa Tengah atanapi Jawa Timur abdi ge
hilap.

Hatur Nuhun,
Whisnu

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Waluya
Sent: Monday, September 05, 2005 11:31 AM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] Re: Sajarah atawa babad (Nyai Loro Kidul -
sabangsa jin ? )

Hatur nuhun Kang Whisnu anu masihan referensi. Tapi nu hoyong terang teh
kuring mah naha leres aya dina literatur yen mitos atawa legenda di
Tatar Sunda digunakeun ku Walanda kanggo "neunggeul" urang Sunda?

Sakaterang sim kuring mah, memang leres ilmuwan walanda nu
ngumpul-ngumpul mitos sareng legenda di Tatar Sunda, teras
didokumentasikeun. Tapi ieu, ceuk kuring mah aya untungna, da lamun
henteu didomentasikeun ku urang walanda mah, urang moal terang. Contona
carita pantun lutung kasarung nu didongengkeun di Bogor rada beda jeung
nu sok didongengkeun ku juru pantun di Sumedang atawa di Majalengka.

Kitu deui sosobatan KF Hoelle sareng Panghulu Mohammad Moesa di Garut.
Nu akhirna urang Sunda nganggo deui basa Sunda, da tadina mah
dilingkungan menak sunda, leuwih resep nganggo basa Jawa, kanggo basa
resmi. Hoelle oge nyanyandak gamelan Sunda ti sumedang, kanggo
dipentaskeun di Amerika jeung di Eropa. Ceuk cenah mah gamelan ieu teh
kantos ditabeuh waktos ngaresmikeun Menara Eifel di Paris. Gamelan ieu,
namina teh "Sari Oneng"
ayeuna tiasa ditingali di Musium "Geusan Ulun" di Sumedang.

Perkawis istilah"politik adu domba"(divide et impera) ceuk kuring eta
mah istilah jaman ayeuna, retorika keur ngahijikeun daerah-daerah Hindia
Belanda. Samemeh walanda datang mah, daerah-daerah ieu teh nya
masing-masing we, henteu kantos ngahiji dina bentuk nagara. Aceh boga
nagara, urang Padang boga kasultanan, Urang Sunda aya Pajajaran, komo
ari urang Irian mah duka aya nagara naon didinya teh. Ngan kabeneran
daerah-daerah ieu dijajah ku walanda, jadi ngarasa sanasib, nya ngahiji,
nyieun nagara nu aranna Indonesia. Sunda, Jawa, Bali, Aceh saleresna
jauh langkung kolot tinimbang Indonesia nu kakara 60 taun umurna.

Naha atuh inohong sunda jiga ngahiji jeung urang Walanda? da etnik sejen
oge jiga kitu aya nu ngahiji jeung walanda jeung aya oge anu henteu.
Sabab jaman harita mah, umumna nu barontak teh lain ka Walanda, tapi ka
pangawasa pribumi terus dibantuan ku Walanda. Pangeran Diponegoro
barontak ka dulurna nu jadi Sultan.
Imam Bonjol pasea jeung Urang Padang deui, dimimitian tina masalah
tafsir agama. Naha Pangeran Diponogoro, Imam Bonjol, Cut Nyak Dien
parerang teh keur Indonesia? atawa sabenerna mah ukur kapentingan lokal
wungkul? ..... Mangga we emutaneun.

Baktos,
WALUYA

>
> Kang Waluya sareng Teh Ika leureus Lutung Kasarung tina pantun, mung 
> carita eta oge kantos dianggo ku Walanda kangge "neunggel" urang 
> sunda, Kitu deui carita Siliwangi Jadi Meong, Sangkuriang, Upami Roro 
> Kidul sareng Kian Santang mah dinaggo ku Walanda kangge "neunggel"
> Islam
> (agama mayoritas urang sunda harita - bangsa Jajahan), atuh carita anu

> sanes sapertos Ciung Wanara, Palagan Bubat sareng Dipati Ukur, sok 
> sanaos aya nu leureusna tapi di ageung - ageungkeun ku Walanda kanggo 
> mecah belah (devide et empera) Sunda - Jawa.
>
> Tah numatak eta, di Sunda mah, teu aya perang rongkah anu taunan 
> sapertos Perang Padri, Perang Teuku Umar - Cut Nya Dien, Perang 
> Pattimura sareng perang Diponegoro dina ngalawan Walanda, ku margi 
> urang sunda mah tiasa "dilumpuhkeun" ku budaya na sorangan (Van der 
> flas). Sok saha geura inohong Sunda anu ngalawan Walanda dina entragan

> eta?
>
> Malih pami, ngarujuk ka Kang Waluya mah : "....Anu aya malah ulama 
> Islam Panghulu Mohamad Musa anu nyobat jeung K.F Hoele jeung Panghulu 
> Haji Hasan Mustapa nau nyobat jeung juragan Snouck Hurgonye...."
>
> Geuning inohong Sunda jaman harita mah kalahkah nyobat sareng Walanda 
> teh, batur mah toh-tohan, dug hulu peut nyawa berjuang ngalawan 
> penjajah, ieu mah kalahkan nyobat!
>
> Hatur Nuhun Ka Kang Waluya anu parantos nyarankeun ngaos sababaraha 
> Buku anu abdi yakin tiasa nambihan elmu dina hal Kasundaan.
> Hatur Nuhun.
>
> All The Best,
> Whisnu
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help tsunami villages rebuild at GlobalGiving. The real work starts now.
http://us.click.yahoo.com/T8WM1C/KbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
1.2 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery.
http://us.click.yahoo.com/X3SVTD/izNLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke