Teh Mpup, kanggo ngajaga tulang sareng teu nyeri otot, tiasa oge ku latihan yoga. Mangga tiasa dipilarian situs yogaleaf. 
 
Nuhun,
ika 

Mpup <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wa'alaikumsalam,
Hatur nuhun ku pedaranna anu langkung2 ti lengkep, sareng hapunten
nembe tiasa maos ayeuna, margi kamari2 mah biasa we kukurilingan ka
bandung oge ka garut..

Sareng hapuntenna ka pa dr. lepat Sp-na, da abi kantos maca dina
panto klinik al islam, waktos jajap pun lanceuk nu bade parios
kakandunganana.. aya jadwal senam hamil asanamah taun 2004, nu ngeusi
materina salasawiosna pa dr. dadang ngeunaan tulang orok.. mung abi
hilap deui Sp kadituna, da nu emutna mah O na we da Orthopaedi tea
panginten nya..

Pami sok cararangkeul tulang tonggong kunaon tah? Komo pami tos
mangjam-jam calik, da panginten nu utamina mah pedah calikna we teu
ajeg, sareng osok oge panas tonggong tos kitu teh (jiga kang Deny
Suwarja, nya kang Den nya!)..

Oge pami diderekdekkeun tonggong dugi ka disada kumaha tah? oge
ngajetrekkeun ramo-ramo panangan atanapi sampean, naha kenging
atanapi awon?? Da ari tos cangkeul mah komo nu biasa dijetrekkeun
atawa diderekdekkeun tonggongna, pasti we kedah wae...

Sareng pami dipeuseul kumaha? Oge pami direfleksi? (wios teu nyambung
oge nu ieu mah)

~ipup~


--- In urangsunda@yahoogroups.com, dadang rukanta <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Assalamu'alaikum.
> Daramang sakumna baraya di babakan US, abdi alhamdulilah aya hibar
> pangdu'a ti sadaya. Nyumponan pamundut ti teh mpup, oge ngaguar
> kapanasaran nu sanesna ngeunaan tumuwuhna tulang urang, tiasa
> kasanggakeun pedaran singget sakumaha dicutau dihandap ieu :
> Tumuwuhna Tulang,
-------------------------------------diteukteuk----------------------
> Cag sakitu heula...
> Puntn teh mpup nu leres SpOT (spesialis Orthopaedi dan Traumatologi,
> atanapi SpBO, spesialis Bedah Orthopaedi). Oge peryogi kauninga ku
> barauya US sadayana profesi SpBO kadang di masarakat sok seu eur
> lepat hartos kumargi kalebet profesi enggal (Sa-Ind. nembe aya 240
> jalmi), mung saukur panjangkeun tulang, Saleresna widang orthopaedi
> teh kacida luasna, tingawitan cacat bawa lahir, infeksi, kacilakaan,
> proses tumuwuhna jeung proses degeneratif oge kanker, tina tulang,
> sandi, urat jeung saraf. Naha ku jalan landong, atanapi operasi oge
> usaha-usaha pencegahan. Janten widang orthopaedi tiasa ngalandongan
> ku jalan kimiawi atanapi operasi (nyambungkeun tulang, saraf jeung
> urat getih, oge ngaropea cacat supaya fungsina sampurna jeung
> ngadeukutan wentuk aslina, dan moal bisa nyaruaan buatan gusti mah
> nya :-).
> Hatur nuhun...




Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke