Alhamdulillah...
 
Katingalna acara Kopdar 4 september di bogor teh jalanna lancar pisan
 
Hapunten pisan abdi teu tiasa hadir di acara eta kumargi aya padamelan nu teu tiasa dikantunkeun....
 
Mugi-mugi abdi tiasa katampi keneh ngariung di acara2 kusnet kapayunna...
 
Wassalam,
 
Yudha Permana (dhuy)
 
 
-------Original Message-------
 
From: ndoell
Date: 09/05/05 11:37:31
Subject: [Urang Sunda] Laporan Kopdar : 4 September 2005 di Bogor
 
Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh..

Baraya Kusnet sadaya,
Acara Kopdar anu diayakeun dina dinten minggu, ping 4 September di
Asrama Mahasiswa "Pondok Séngkéd Adi Sanggoro", Cangkurawok,
Darmaga Bogor,  Alhamdulillah parantos kalaksana kalayan teu aya
rintangan
naon-naon.

Anu sumping dina ieu acara : -----------------------------------------
- Kang Eko
- Kang Gunawan Yusuf
- Kang Kang Tantan
- Kang Ikmal
- Kang Teh Imas + carogéna
- Kang Irpan                       
- Kang Maman Gantra sakulawargi
- Kang Kandar "Kumi"
- Kang Surya
- Kang Dani Ibrahim sakulawargi
- Kang Runa
- Kang Rezza
- Kang Dudi "Dudud"
- Kang Yayan "Kemod"
- Kang Hendra
- Kang Romi Cahyadi
- Kang Cepi
- Kang Dadan Ramdani
- Kang Taopik Setiawan
- Kang Casnan
- Kang Dadan Sujana
- Kang Herdiansyah
- Kang Anton
- Kang Adeng Hudaya
- Kang Girang Permata
- Kang Arip Abdillah
- Kang Yunan
- sareng abdi, Kang Nanang Ndoell
- Teh Imas                       
- Teh Ani
- Teh Tia
- Teh Mia
- Teh Anna
- Teh Nenny 'Ambu'
- Teh Pupi
- Teh Iva Wanti
- Kang Boim ( mung dugi acara rengsé kapegat macet kénéh di
  Bogor)

Kagiatan / Acara  : --------------------------------------------------
- Silaturahmi, wawanohan sareng sosonoan;
- Ngabahas perkawis Halal Bihalal;
   * Nangtukeun tempat;
   * Ngabentuk Panitia;
   * Nyusun draft acara & eusi acara;
- Ngawangkong perkawis DES sareng Websait Kusnet


RESUME : -------------------------------------------------------------

Pelaksanaan Halal Bihalal
-------------------------------
Saptu ~ Minggu, kaping 26~27 November 2005
di Villa Batan, Kota Bunga, Cipanas
lokasina kirang langkung 2.5 KM ti Cipanas (aya plang Kota Bunga)
lebet 500 meter, tiasa kana mobil atanapi mapah
pasilitas : parkir keur 15 mobil, lapangan tennis, badminton &
ténis meja nu resep ngojay tiasa di Kota Bunga, 500 meter ti
lokasi.


Susunan Panitia Halal Bihalal
-----------------------------------
- Penanggung Jawab : Uwa Siddik Wiradiredja
- Penasehat : Uwa Sasmita, Mang Jamal, Kang Maman Gantra, Kang Tirta
  Wijaya

- Ketua Panitia : Kang Akos Kosasih
- Sekretaris : Kang Ikmal, Teh Tia
- Bendahara : Teh Imas Mustakim
- Humas : Kang Nanang, Kang Runa Inawan

- Seksi Acara : Mang Oman, Teh Nenny "Ambu", Kang Hendri
- M/C : Kang Gunawan Yusuf, Kang Casnan, Kang Taopik
- Seksi Konsumsi : Kang Surya, Teh Iva, Teh Pupi, Teh Anna, Teh Mia
- Seksi Akomodasi/peralatan : Kang Rezza, Kang Dudi, Kang Hendra &
  Kang Yayan
- Seksi Dokumentasi : Kang Rachmat Rawyani, Kang Hari "Bowie" Wibowo
- Seksi Olah raga/Kasenian : Kang Tantan, Kang Irfan, Kang Dadang &
  Kang Herdiansyah
- Seksi Umum : Kang Kumi, Kang Cepi, Kang Romi & Kang Adeng

* Hatur nuhun anu parantos sayogi sareng ngacung nampi pancén
  janten panitia
* Punten oge anu katunjuk tonggong, disuhunkeun rido galihna kanggo
  nampi ieu amanah.


sababaraha usulan keur pangeusi acara Halal Bihalal
--------------------------------------------------------------
- Presentasi ngeunaan mangpaat TI (Tehnologi Informasi) & Cuplikan
  sarupaning kasenian sunda
- Mintonkeun Pencak Silat, Kocapi Suling, tari topeng, tari merak
- Kaulinan barudak
- Bazzar
- Door Prize
- leumpang mapay-mapay kota bunga
***** Bilih aya ideu nu sanes, mangga diantos......

----------------------------------------------------------------------
Hatur nuhun pisan ka Sohibul bait : Kang Rézza saparakanca anu
parantos nyayogikeun tempat anu sakitu merenahna sareng sagala
rupi katuanganana. Hatur nuhun ka baraya anu parantos ngersakeun
sumping, jauh-jauh dijugjug, anggang-anggang diteang.
Nuhunkeun dihapunten bilih aya kakirangan dina sagala panampina,
pamugi sadayana tiasa ngama'lum.

Hatur nuhun ogé anu parantos ngintun imél, nelpon sareng
ngintun SMS, merhatoskeun ieu acara sareng ngawartosan teu tiasa
sumping.
* Punten nu kamari nelpon atanapi nga-SMS ka abdi, hapé teu tiasa
  dihubungi, kumargi hapéna aya nu maok dina kareta. heu heu.....

Manawi sakitu pedarana kagiatan Kopdar téh, mangga nu sanesna
tiasa nambihan. Hatur nuhun kana sagala perhatosanana.


Wassalam,
-N d o e l l-


 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke