Sami sami teh Ika, hatur nuhun oge kana guaran sajarahna :-)
"Mugi-mugi sajarah anu tos kaalaman ku jalma-jalma di Tatar Sunda baheula, ulah kaalaman deui ku urang kiwari jeung ku anak-incu urang."
Amien Teteh, Amien Ya Rabbal Allamien.
 
Baktosna,
Whisnu
 


From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of ika mardiah
Sent: Monday, September 05, 2005 4:48 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: RE: [Urang Sunda] Re: Sajarah atawa babad (Nyai Loro Kidul - sabangsa jin ? )

Hatur nuhun ang Whisnu. Meni lengkep referensina. Panginten urang kedah terang eusina nya. Numutkeun sejarah, Tatar Sunda dijajah Mataram Islam-Jawa abad 14-16 upami teu lepat mah. Mung Banten nu teu kantos kajorag ku Mataram. Saterasna waktos Mataram masrahkeun ka VOC, para bupati di Tatar Sunda nampi wae kaputusan Raja Mataram. Teu aya pemberontakan, da saurna upami saur Raja Mataram sae masrahkeun ka VOC, nya ditampi. (Sajarah Cianjur nu diserat ku Kang Reiza Diena Putra). Salajengna kakuasaan VOC nu ngamanfaatkeun kakawasaan para Bupati/Menak di Tatar Sunda.
Upami urang percaya kana buku nu diserat ku Mikihiro, kawitna Belanda nyangka yen anu hirup di Tatar Sunda teh subkultur Jawa sareng basa nu digunakeun salah sahiji dialek tina bahasa Jawa. Saatosna dilakukeun panalungtikan, basa jeung etnik jalma di Tatar Sunda teh beda. Nya Belanda ngadidik supaya urang Sunda bisa maca jeung nulis ku jalaran ngaguar dongeng-dongeng nu aya di tatar Sunda, dibukukeun sareng disebarkeun ka sakola-sakola. Salah sahiji pangarang nu paling produktif nyaeta Haji Muhamad Moesa tea. Nu nyobat sareng K.F. Hoele tea (panasihat Pamarentah kolonial).
Upami ditingal mah panginten Tatar Sunda teh pangreksakna ku Belanda sareng panglamina dijajah ti kawit tanam paksa ku VOC.
Mugi-mugi sajarah anu tos kaalaman ku jalma-jalma di Tatar Sunda baheula, ulah kaalaman deui ku urang kiwari jeung ku anak-incu urang.
 
Salam,
ika

Whisnu Budhysantika <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nedunan Jangji Sim Kuring Ka Kang Waluya sareng Teh Ika perkawis referensi, referensi kuring nyaeta :
  1. Untaian Karangan Snuck Hurgronye, JB Wolters, 1938, Terjemahan Tina Bahasa Walanda
  2. Karya - Karya Ilmiah sareng Artikel - Artikel Ti Bapa Olla S. Sumarnaputra (Anjeuna kantos ngawulang di UNPAD sareng kantos oge di Mangle)
  3. Karya - Karya Ilmiah sareng Artikel - Artikel Ti Ayathrohaedi (Anu kantos di muat sababaraha kali di Koran Pikiran Rakyat)
  4. Geschiedenis der Soenda-Landen, JCJ Hageman, 1867
  5. Hindoe - Javaansche Geschiedenis, NJ Krom, 1926
  6. Karya - Karya Ilmiah sareng Artikel - Artikel Ti Prof DR Barred Nathaffer (Barnas Nataatmadja)
  7. Karya - Karya Ilmiah sareng Artikel - Artikel Ti Prof DR Brower (kapungkur anjeunna kantos di UNPAR)
  8. Nagara Kertabhumi (Radya radya i Bhumi Nusantara) sareng Pararatwan Bhumi Jawadwipa Pangeran Wangsakerta, Transliterasi ku Bapa Saleh Danasasmita
  9. Sajarah Sunda, Bapa Saleh Danasasmita
  10. Sajarah Jawa Barat - Yuganing Rajakawara, Bapa Yoseph Iskandar
  11. Sasakala Pelabuhan Ratu Ti Anis Jati Sunda
Kang Waluya sareng Teh Ika leureus Lutung Kasarung tina pantun, mung carita eta oge kantos dianggo ku Walanda kangge "neunggel" urang sunda, Kitu deui carita Siliwangi Jadi Meong, Sangkuriang, Upami Roro Kidul sareng Kian Santang mah dinaggo ku Walanda kangge "neunggel" Islam (agama mayoritas urang sunda harita - bangsa Jajahan), atuh carita anu sanes sapertos Ciung Wanara, Palagan Bubat sareng Dipati Ukur, sok sanaos aya nu leureusna tapi di ageung - ageungkeun ku Walanda kanggo mecah belah (devide et empera) Sunda - Jawa.
 
Tah numatak eta, di Sunda mah, teu aya perang rongkah anu taunan sapertos Perang Padri, Perang Teuku Umar - Cut Nya Dien, Perang Pattimura sareng perang Diponegoro dina ngalawan Walanda, ku margi urang sunda mah tiasa "dilumpuhkeun" ku budaya na sorangan (Van der flas). Sok saha geura inohong Sunda anu ngalawan Walanda dina entragan eta?
 
Malih pami, ngarujuk ka Kang Waluya mah : "....Anu aya malah ulama Islam Panghulu Mohamad Musa anu nyobat jeung K.F Hoele jeung Panghulu Haji Hasan Mustapa nau nyobat jeung juragan Snouck Hurgonye...."
 
Geuning inohong Sunda jaman harita mah kalahkah nyobat sareng Walanda teh, batur mah toh-tohan, dug hulu peut nyawa berjuang ngalawan penjajah, ieu mah kalahkan nyobat!
 
Hatur Nuhun Ka Kang Waluya anu parantos nyarankeun ngaos sababaraha Buku anu abdi yakin tiasa nambihan elmu dina hal Kasundaan.
Hatur Nuhun.
 
All The Best,
Whisnu
 


From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Waluya
Sent: Thursday, September 01, 2005 9:31 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Sajarah atawa babad (Nyai Loro Kidul - sabangsa jin ? )

Teh Ika, keun we da Kang Whisnu ngora keneh geuningan jeung anggota anyar deuih di Kusnet. Kuring mah ngan ukur bisa nyarankeun ka Kang Whisnu, cobi tingalian buku-buku perkawis kasundaan. Sapertos Manusia Sunda, Haji Hasan Mustapa jeung Karya-karyana ( dua-duana kenging Ayip Rosidi), Buku sajarah Basa Sunda kenging urang jepang atawa oge upami sempet tingalian posting-posting di Kusnet perkawis kasundaan. Aya sababraha postingan sim kuring perkawis Snouck Hurgonye jeung Haji Hasan Mustapha. Aya oge postingan ti Kang Oman jeung nu sanesna.
 
Hayu Kang Whisnu urang sami-sami diajar, supados urang teu pareumeun obor kana kasundaan.
 
Baktos,
WALUYA
 
----- Original Message -----
Sent: Thursday, September 01, 2005 5:16 PM
Subject: RE: [Urang Sunda] Re: Sajarah atawa babad (Nyai Loro Kidul - sabangsa jin ? )

Punten Kang Wisnu, tong sagala neumbleuhkeun ka penjajah (Snouck). Upami tetela nu ngarang pantun teh Urang Sunda baheula, nya kedah ditampi ku urang tingkatan peradaban sareng karya sastra harita.
 
Nuhun,
ika.


Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke