Baraya, punteun sateacana ieu teh, bilih ngarepotkeun milihan huruf milahan kata, nanging kasaha deui atuh ari lian ka dulur mah nyuhunkeun pitulung emutan teh.
Kieu, simkuring ayeuna nembe dipaparinan karunia murangkalih, pameugeut, yuswa sataun langkung saminggon. Keur mejehna, keur lucu- lucuna, oge keur lieur-lieurna ngudag kahayangna. Tah, tilu minggon kapengker manehna geuring panas, saur dokter mah radang tenggorokan, teras dipasihan ubat, alhamduliilah saminggon ti harita cageur. Nanging tisaprak cageur, ayeuna aya pasualan anu ngarungsingkeun boh simkuring boh pun bojo nyaeta manehna hese tibra ti peuting. Mun tas sare jam tujuh peuting, hudang jam sawelas, menta nyusu, reup deui, satengah jam benta deui, nyusu deui, reup deui, kerek ge pun bojo rek di salimut, goak deui .teras we kitu etateh. Kadang dugi ka janari. Simkuring ge jadi sami, teu tiasa tibra, komo deui pun bojo, meuni calelong. Tah kukituna, Simkuring nyuhunkeun bantosan emutan ka baraya sadaya. Boh ku pangalamanana,boh ku pangaweruhna. Naha kunaon eta budak, sabab musabab nu bisa jadi matak, sareng kedah kumaha ngubaranana. Sakali deui nyuhunkeun pitulungna. Tulung tulung. Haturnuhun, Agam ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital. http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

