Minggu kamari, jalan-jalan ka Cihampelas.
Macet. Bandung Lautan Jakarta! Urang Jakarta pindah kabeh ka Bandung.
Di Ciwalk keur aya acara "Aki no Matsuri". Barudak Bandung bergaya 
siga urang Jepang. boh dangdana, boh gayana. Band di panggung ge 
nyanyikeun lagu-lagu jepang. J-Rock!! cenah. Hidup J-culture! cenah. 
Ngaran grupna ge macem-macem ti nu maina Spica, Shiroi Hanna, Lucid 
Rain, Banzai, Jetto dugi ka Sakura Drop jrrd. Cenah mah sakalian 
ngaresmikeun Japan Bandung Community..
Nu lalajo umumna rumaja kabeh, meni apal kabeh lagu-lagu bangsa kate 
teh. Beungeut Cihampelas, lagu Jepang. Majalahna, komikna kabeh bau 
Jepang. Di radio ge mun teu salah mah lombang 90,5 (?) sapanjang poe 
nyiarkeun lagu-lagu Jepang. 
Budak Bandung keur nyieun trend anyar sigana mah, jepang.... Meureun, 
sakeudeung deu pasti wabah Jepang teh bakal nular ka mana-mana kota...

Anak uing ge teu katingaleun meuli bendera jepang, jeung emblim 
Samurai X.  Kuring ngarenghap, nyimpang ka toko kaos, meli kaus 
gambar angkot Bandung. Rada kahibur, ku sabab nu dagang teh cenah mah 
mhs ITB make warna sunda di tokona. Di tokona loba buku-buku 
(mengenai) kasundaan, interiorna ge disusun, aya katerangan sejarah 
sunda nu lumayan singkat.. Bungkus kaosna unik. Make aksara sunda.. 
lumayan, aya nu masih inget ka bangsa uing... Kardusna disimpen, teu 
dipiceun. keur koleksi... 
Leupas maghrib, ka Dago Tea House. si jalu hayang lalajo grup 
Goletrak. Mun manggung lucu tah grup teh. Hanjakal Goletrak teu 
manggung peuting eta teh. Engke cenah tanggal 18 Sept. Malem kamari 
mah aya ge tari merak, rampak kendang jeung jaipong. 

Jam satengah sabelas balik ti Dago, di mobil nyetel lagu jepang... 
Judulna "Itsuli_No_Komoriuta". Bari ngalamun, ngenah lagu teh... 
mendayu-dayu, matak nineung... untung nu nyanyina Detty 
Kurnia.. ..lain Mai Kuraki atanapi Nami Tamaki nu cenah mah keur 
ngetop....


agusher









------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today!
http://us.click.yahoo.com/O4u7KD/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Reply via email to