Ki Daeng, sakantenan ah neraskeun jejer dikerok...

Simkuring ge tos sababaraha kali nguping perkara teu hadena dikerok
teh, di antarana tatu kulit nu bisa ngabalukarkeun infeksi. Keur mah
deuih, ari model awak kuring mah teu kandel dagingna, jadi mun rek
dikerok teh teu tega, da bakal langsung benggolna trangtreng jeung
tulang... hehe

Di urang populer deui perkara disedot getih (bekam tea kitu), pajar
teh cenah pikeun ngaluarkeun getih kotor, jeung deuih mun geus
dikaluarkeun getihna teh sok karasa seger, harampang. Ari kuring mah
can kungsi kikituan teh, can nanaon ge geus linu ti heula...
Patarosan simkuring, naha leres ayana istilah "getih kotor" teh?
Sareng naha eta teh valid, aya dalil2na tina segi elmu
tatamba/kadokteran? Sakaterang simkuring mah, rasa seger & harampang
teh sarua karasa nalika urang tas ngadonorkeun getih. Janten, daripada
dibekam, mending keneh sakalian donor darah. hehe... Leres kitu?

jk

On 9/6/05, dadang rukanta <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Prkawis kerok, muhun aya mangfaat nyaeta ngalancarkeun kokocor jalan
> getih oge. Maksadna lancarna kokocor getih nu nyangked (stagnan), nu
> karaosna pegel, cangkeul, teu raos di lebet (di istilahkeun lebet
> angin). Ku jalan dikerok dina tonggong (kalebet wilayah nu cekap
> luasna). Jalan getih janten lancar, tapi sanes kana jalan getih nu
> sakedahna, margi ku jalan dikerok pirang2 urat getih nu aralit
> (kapiler) rajet , getih nyaliara dina handapeun kulit (tandana
> beureum ngageleng). Ageung reikona ku margi  (1) Muka lawang sigotaka
> pikeun asupna bakteri/kuman liwat rajetna kulit jeung jalan getih
> tilas kerokan (2) Saha nu terang duit bengol nu dipake ngerok teh
> beresih, kumha pami tilas dikolomoh nu HIV (+) atanapi HBS Ag
> (+)/Hepatitis hehe. kalituna (3) Pasti diseuseulan kunu kagungan awak
> urang (Gusti), Naha cenah ongkoh keur ngubaran tapi nyiksa kulit nu
> teu tuah teu dosa hehe deui...pan aya cara lianna nu langkung aman
> (meuseul, sauna, tuang landong jrrd).


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke