Damang pun Indung Peuting, nuju ngaronda atanapi telat serelekna dugi ka koropak abdi?

 

Kanggo Abah Willy sareng Kang Dur…

Abdi salaku Jeger di dieu teu ngawidian sakedik-kedik acan ka Abah sareng Akang puasa tina ngintunan / mairan serelek anu nyugak kana manah...beda cara nempo mah lumrah, sarua jeung beda rizkina tiap jelema...jadi AWAS! lamun teu ngirim serelek nu nyugak jeung mairan kunu nyugak deui, ku sayah rek diKADEK TEU EUREUN-EUREUN...

 

Cik atuh siga kuring, rek aya nu kacugak oge angger we pede ajeh ngirim serelek, kajeun aya nu balik ngadek ka kuring atawa nyindir oge...lain rek jajagoanan ngan salaku Jeger emang kudu kitu lin?

siga gatot kaca atuh...

urat kawat

tulang wesi

peureup martil

kuku seng

kulit asbes

waos mutu

rambut ijuk

jantung diesel

otak intel centrino pentium 1000

nginum solar

getih oli

ludah epoxy

kiih accu

dahar batu

usus paralon

tai semen cair...

 

kawas molen ieu teh...

 

 

 

Baktoz ti Adul

*propokator letoy

 

-----Original Message-----
From: indung peuting [mailto:[EMAIL PROTECTED]]
Sent
:
09 September 2005 0:06
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Proyek euy .....--ngiringan puasa

 

horrrrrrrrrrr, jadi karieu ieu teh.....??

Tong kitu kang..! tiiseun engke......

Upami teu raos manah mah, nya nyuhunkeun hapunten wae atuh, tong pundungan......Tah ieu adat urang sunda teu kaop ka kasigeung, sok pundung.....kang Dur, kang waluya...mangga ah, geura posting deui..diantosnya..!

Si teteh ge hayang pundung tapi teu bisa..he he

 

ipeut


 

 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke