Kang Agam,
Leres pisan dina proses pangwangunan di nagara urang teh, perkawis pembebasan lahan masih keneh jadi masalah, boh lahan nu rakyat, lahan nu swasta jeung lahan kaboga pamarentah sorangan (kadang di antara instansi pamarentah oge sok aya konflik soal lahan). Pangwangunan Bandara Majalengka pasti ngabutuhkeun ayana lahan nu gede. Bisa jadi lahan di daerah dinya teh kabogaan sababaraha pihak (rakyat, pamerantah jeung swasta).
 
Pengadaan lahan jang pangwangunan aya sababaraha cara.
Contona, aya cara make konsep bank lahan non konservatif. Punten ieu istilah rada akademis. Hartina nyadieukeun lahan nanging nu boga lahan teu kudu ngalepaskeun hak kepemilikan lahanna. Contona, di Kota Bandung - di daerah Kopo rek diwangun pasar modern (mall). Pihak pengembang atawa pamarentah teu kudu ngagusur rakyat nu ngabogaan tanah di daerah dinya. Rakyat ditawaran samacam kerjasama bisnis. Misalna, luas tanahna rakyat eta teh 1000 meter persegi, tah tuluy dihargakeun ka rupiah nu tungtungna jadi bagian penyertaan modal dina usaha ka hareupna nu ngait kana usaha pasar modern eta. Jadi tanah masyarakat teh dianggapna saham.
 
Cara ieu geus dipraktekkeun di nagara-nagara lain, siga Malaysia, Thailand, Taiwan, Hongkong, dsb. Sababaraha urang nyebutna teh "Land Sharing." Cara ieu tergantung kana administrasi pembangunan di negara urang anu ngait oge jeung sistem pemerintahan nu demokratis. Cara ieu teh maksadna supaya ulah aya deui "penggusuran" atawa "peminggiran" rakyat nu cicing di daerah eta.
 
Di nagara urang, informasi pangwangunan di hiji daerah can nepi ka rakyat. Rakyat teh sok reuwas, sabab "ujug-ujug" di daerahna rek diadegkeun mall, jalan tol, sajabana. Tiap tahun di kota atawa kabupaten aya Musrenbang (musyawarah rencana pembangunan) antara legislatif (DPRD) dan eksekutif. Kuduna eta hasil Musrenbang teh dibewarakeun ka masyarakat. Leuwih alusna deui, aya unsur-unsur masyarakat nu dilibatkeun dina Musrenbang (geus dijalankeun tapi nepi ayeuna can optimal).  
 
Upami ngajajal pangwangunan Bandara di Tasik, saurna mah Bappeda Jabar ningal daerah eta teh sesah kanggo mendaratna kapal terbang nu gararede, siga Airbus. Sabab di Tasik rea gunung, terus ti Tasik ka Bandung akses jalanna bergelombang jeung jauh oge ka Cirebon. Di Jawa Barat, jang kawasan Ciayumajakuning - pusat pertumbuhan wilayahna teh aya di Kota Cirebon, di kawasan Priangan - pusat pertumbuhan wilayahna teh aya di Kota Bandung. Tah Kota Tasik teh abusna ka wilayah pertumbuhan Kota Bandung. Pangwangunan Bandara Majalengka nyekel kana ieu konsep.
 
Panginten sakitu heula informasi ti kuring. Punten upami pabaliut. Mun aya nu teu jelas, mugi dihapunten.
 
Hatur Nuhun,
Firkan Maulana 

"Agam R." <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punteun kang ngiring mairan,

Upami aya pangwangunan teh pasti kedah aya anu di korbankeun wae.
Tos konsekwensina panginteun. Sapertos pangwangunan tol cipularang,
teras jalan layang ti pasteur dugi ka balubur, sampe ayeuna perkawis
cicis kangge ngageuntosan lahan nu di pake teu acan rengse.

Tah ayeuna bade ngawangun bandara di mjlk, sae mah sae, jalur
perekonomian karojong, nanging kumaha perkawis lahan rahayat anu
kapake, piraku rek 'ngaleungit' wae deui mah?

> Kang Firkan cobi diajajal ngawangun bandara na di Tasik nu
ageungna satara jeung bandara Soekarno-Hatta. Sugan we Brebes,
Purwakarta2 (d/h Purwokerto), Cilacap katarik deui.

> JP
>
> Firkan Maulana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Assalamu'alaikum wr.wb.
> Sateuacana sim kuring bade nepangkeun heula. Wasta, Firkan Maulana
Surakusumah. Pituin urang Bandung. Nembe lebet anggota milis ieu
dinten Sabtu kamari. Padamelan ayeuna janten konsultan perencanaan
wilayah dan kota sareng antropologi.

> Perkawis Bandara Majalengka nu diobrolkeun ku Kang Rahmat, leres
pisan yen di Majalengka teh bade dibangun Bandara nu maksadna kanggo
ngarojong perekeonomian wilayah Ciayumajakunig (Cirebon, Indramayu,
Majalengka jeung Kuningan). Eta pangwangunan bandara teh bakal
ngahiji sapaket sareng pangwangunan jalan tol Cisumdawu (Cileunyi-
Sumedang-Dawuang). Salajengna pelabuhan laut di Cirebon oge bakal
diwangun. Matakna dina bulan Agustus kamari Pamarentah Propinsi Jawa
Barat ngadamel acara Jabar Infrastruktur Summit. Maksad acara eta
teh kanggo ngajak kerjasama investor swasta ti dalam atawa luar
negeri jang ngawangun bandara, pelabuhan laut jeung jalan tol.

> Kaleresan aya rencangan sim kuring anu nuju ngadamel penelitian
AMDAL Bandara Majalengka. Mung dugi ayeuna penelitian eta teu acan
dijalankeun. Aya oge penelitian nu tos dijalankeun perkawis "Pola
Pergerakan Burung-Burung di Daerah Majalengka." Penelitian ieu
penting sabab kapal terbang teh sok kaganggu ku manuk-manuk nu
hiber. Saur penelitian eta, daerah calon Bandara Majalengka eta teh
janten "perlintasan" manuk-manuk anu hiber ti Australia ka Asia.

> Panginten kitu bae bewara ti sim kuring. Hatur nuhun.

> Cag,
> Firkan Maulana
>  
>
>
> Send instant messages to your online friends
http://uk.messenger.yahoo.com
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
>
>
>
>
> ---------------------------------
> YAHOO! GROUPS LINKS
>
>
>     Visit your group "urangsunda" on the web.
>  
>     To unsubscribe from this group, send an email to:
>  [EMAIL PROTECTED]
>  
>     Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of
Service.
>
>
> ---------------------------------
>
>
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com





Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke