Baraya Sadaya,
 
Diwartakeun ka sadayana, rehna dina raraga ngahontal udagan pamarentah, nyumponan pangabutuh balarea dina soal atikan, Pemda Jabar keur ngusahakeun lumangsungna pendidikan (atikan) anu murah keur rahayat. Ieu teh taya lian pikeun akselerasi kahontalna naon rupa kawajiban pamarentah sakumaha dina UU (boh UUD atawa UU SISDIKNAS) anu-kusabab kaayaan ekonomi nagara anu keur sakieu hareengna - masih jauh tina kahontal.
 
Pikeun ngahontal atikan murah eta, Pemda Jabar museurkeun perhatian pangwangunana ayeuna kana atikan salaku prioritas kahiji. Dina raraga hal ieu, aya acara dialog anu tiasa diluuhan ku baraya sadaya. Sumangga diantos kasumpinganana kana acara ieu:
 
Poe/tanggal  : Kemis, 15 September 2005
Waktu          : Tabuh 08.30 - 17.00 WIB
Tempat         : Bidadari Room, Hotel Horison
                      Jl. Pelajar Pejuang 45 No 121 Bandung
Tema            : "Pendidikan Dasara yang Murah untuk Rakyat
Sub Tema     :  1. Pendidikan Dasar yang Murah dan Berkualitas
                       2. Formula Peningkatan Kesejahteraan Guru (dalam konteks pendidikan yg murah)
Metode         : Pemaparan materi, diskusi kelompok, perumusan hasil diskusi kelompok
Nara sumber :
1. Prof. Dr. Armida Alisjahbana (Kemampuan Pembiayaan Pemerintrah dan Keberlanjutan Program PKPS-BBM (BOS dan BKM)
2. Prof. Dr. H. Nanang Fattah (Komponen Pembiayaan Pendidikan yang Menjadi Tanggungjawab Pemerintah dan Masyarakat)
3. Dr. H. Dadang Dally, M.Si. (Strategi Pembiayaan Pendidikan Pemerintah Provinsi dalam Mengantisipasi Melemahnya Kemampuan Masyarakat)
 
Pamilon  :  pirang-pirang boh individu atawa lembaga; boh pamarentah, swasta atawa lsm (langkung ti 34 lembaga)
 
Mangga, ka anu minat dina widang atikan sareng aya waktos, diantos kasumpinganana dina waktosna.
 
baktos,
manAR 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke