Hileud sutra (Bombyx mori, Latin: "hileud sutra tangkal murbéy") nyaéta larva sabangsa kukupu nu penting pisan sacara ékonomis salaku produsén sutra. Kadaharan hileud sutra ngan ukur daun murbéy; asalna mah ti wewengkon kalér Cina.

Katelah hileud sutra taya lian kusabab mémang hileud ieu téh nganyam kepompongna tina sutra kasar. Kepompong ieu dijieun tina salambar sutra kasar nu nyambung nepi ka panjangna 300-900 méter.

Hileud sutra mah rewog, terus-terusan ngahakanan daun murbéy, sahingga tumuwuhna morontod. Nalika huluna robah kelir jadi semu poék, hartina sakeudeung deui bakal ganti kulit. Sanggeus ganti kulit kira opat kali, awakna robah jadi semu konéng, sedengkeun kulitna jadi leuwih manteng, nu ngandung harti si hileud téh rék ngabulen manéh ku kepompong sutra téa. Mun hileudna diantepkeun kaluar tina kepompong sacara alami, serat sutrana bakal diteukteuk pondok sahingga moal kapaké ku urang. Ku kituna, kepompongna dipasak na cai nu ngagolak, sahingga hileud sutrana paéh sarta kepompongna leuwih gampang diudar. Hileud sutrana kadang ogé sok didahar.

Kukupu nu sawawa teu bisa hiber, dipiara pikeun ngahasilkeun sutra. Lébar jangjangna kira dua inci, awakna buluan bodas. Kusabab ajén sajarah jeung ékonomisna, génom hileud sutra geus dijadikeun objék panalungtikan modérn.

Sajarah
Di Cina, aya carita nu nyebutkeun yén sutra hileud sutra kapanggihna nu hiji ratu nu ngaranna Xi Ling-Shi (Cina: 嫘祖; pinyin: Léi Zǔ). Anjeunna keur kukurilingan nalika manggihan hileud éta téh. barang ditoél, ujug-ujug kaluar serat sutra nu beuki lila beuki ngabulen raramoanana sahingga karasa haneut. nalika sutrana geus béak, lajeng anjeunna ningal aya kepompong leutik. sakedét nétra, anjeunna lajeng sadar yén kepompong éta téh mangrupakeun sumber sutra. Saatosna kitu, anjeunna lajeng ngajarkeun ka bangsana cara migunakeun/ngamangpaatkeun sutra.

Mangpaat médis
Hileud sutra mangrupakeun sumber ubar tradisional Cina "bombyx batryticatus" atawa "hileud sutra heuras" (Cina Basajan: 僵蚕; Cina Tradisional: 僵�Q; pinyin: jiāngcán), nyaéta awak hileud nu geus digaringkeun nu asalna tina larva hambalan ka-4-5 nu paéh alatan kasakit white muscadine nu dibalukarkeun ku inféksi jamur Beauveria bassiana.

Sumber rujukan
    * Silkworm ti Wikipédia basa Inggris, disalin ping 14 Séptémber 2005

Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Hileud_sutra"

Kategori: Bombycidae | Sasatoan | Sutra

--
sikandar
kumincir.multiply.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke