Wios telat oge nya. Wilujeng milangkala ka Neng Tizzy. Mugi janten anak shalehah.
Meni sae pisan namina. Upami teu lepat Minerva, tokoh di Harry Potter, guru nu bageur tea.
Salam,
ika
 

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

poe ieu
anaking-jimat-awaking milangkala
nu kadua.
panceg.
dua taun kuring jadi bapa.

deudeuh,
hampura mun kuring ngan ukur jadi babapaan
sabab rumasa teu kungsi diajar jadi bapa
ngan nempo aki anjeun ngurus kuring
ngan boga kacinta kaanjeun
nu ceuk kuring bakal jadi modal
miara ngagedekeun anjeun
sabisana

geus dua taun meunang pancen ti Nu Kawasa
gimir minuhan hate,
salempang kamelang salaput hulu,
sabab rumasa teu walakaya

Nuhun Gusti
pancen Anjeun baris ditedunan sabisana
jadi bapana tiziana minerva

du'akeun bapa, neng
sangkan bapa teu salah
ngatik
ngadidik
mikanyaah anjeun

(bapa nu salawasna melang
di pagawean,)

itenas, bandung 15 september 2005
mj

http://geocities.com/mangjamal





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! for Good
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke