hehe...
 
bongan islam leuwih hela abus ka jawa.. haha..
 
buktina pun bapak kantos diajar basa arab teh ngangge b. jawa.. iki-iki iku....
 
abdi teu apal naha raja2 jawa islam leubet islam sadayana teu?....
 
dalah pangaruh kejawen ge masih keneh kuat, di sunda ge aya kejawen/ atawa sunda wiwitan tapi teu kuat nakeur kawas di jawa..... kmh lepat teu... tah coretan abdi ieu.....
 
 
islam teu disalahkeun..... lantaran patinggi2 sunda ge teu sadayana biluk ka islam ???..
 
tapi sacara aglabiyah, seseuerna umat sunda narima kana islam...
 
tapi lain artina eleh ku jawa hahaha... kumaha iyeu teh.... hehe..
 
justru kahebatan urang sunda katingali pisan dina toleransi, khususna di elit sunda. pan taya paksaan...saha nu lebet islam pek, saha nu teu biluk kuring moal nanaon... kinteun2 kitu..
 
tapi abdi teu terang persisna teh....
 
nyanggakeun ka nu tos kahot kana elmu sajarahna... abdi kur sakitu...
 
mangga..


Om TEDDY <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Aya koreksi sakedik.... Geuningan Islam rada "disalahkeun"???
 
Naon salahna Islam salaku kayakinan?
Mun teu salah justru Islam leuwih bisa ditarima ku Sunda alatan dasar kayakinan urang Sunda nu leuwih percaya ka "Hyang Tunggal". Sedengkeun Islam "Allahu Ahad". Jadi klop...
 
Ieu pamendak teh kantos didugikeun ku Hidayat Suryalaga.
Perkawis urang Banten salaku Sunda atawa Prabu Siliwangi nu ngungsi alatan Islam datang ka Tatar Sunda meureunan eta mah siga "pengulangan sejarah" jaman Rasulullah SAW nu nyandak misi Islam di Jazirah Arab. Loba pupuhu/inohong nu teu narima. Siga Abdul Muthalib mereunan nu teu bisa narima Islam tapi kacida nangtayungan ka misi Islam Rasulullah SAW.
 
Kitu panginten pamendak sim kuring.
 
Baktos,
Om TEDDY
----- Original Message -----
From: sara raka
Sent: Monday, September 26, 2005 1:26 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Dongeng ti Serang Banten

muhun atuh kang tedi...
 
banteun teh sunda keneh..
 
komo- punteun - pami nyucruk galur- ka baheulanakeun mah... karajaan sunda jeung tanah tanah sunda teh kacida luasna......
 
karajaan sunda kadeseh... ku islam ti jawa....
 
nepi pan pangaruhna tumerap di wewnwgkon cierebon jeung sabunderanna.....
 
geus alamiah eta mah...
 
ngan ayeuna teh kumaha kasundaan di banten, suapados nanjeur...  karunya nu di banten taya nu mantuan hehe...
 
beki dieu-beuki dieu taneh sunda teh..... kalahka..... kumaha nya...
 
nya kitu tea aya nu hayang ngadirikeun iyeu tea itu tea... marisah....
 
kacida bodona mun misahmah....
 
ayeuna mah urang sunda teh... suku sunda ari budaya lain sunda....
 
 
nya sakieu hela ti abdi mah...
 
 
tuda banten mah deket ka jkt jadina etnisna teh pang heterogenna..... tapi suku asli na mah sunda....
 
indonesia nu sakitu gedena jeung jumlah sukuna nu pang lobana..... daratang tumplek ka jakarta neangan pakasaban....  atuh beki dieu teh ngageser sunda-bahasa-budaya- jeng saterusna....
 
 
mangga..

Om TEDDY <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
HIDUP BANTEN...!!
HIDUP PAMANUKAN..!!

Baktos,
Om TEDDY
----- Original Message -----
From: "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <urangsunda@yahoogroups.com>
Sent: Sunday, September 25, 2005 10:14 PM
Subject: [Urang Sunda] Dongeng ti Serang Banten


> Basa poe rebo minggu kamari kuring ka Serang, diajak ku babaturan
> ngadiskusikeun hiji pagawean di instansi pamarentah (daerah) Banten.
> Istilah kerenna mah presentasi awal. Rada kaget oge geuning kantor-kantor
> pemda Banten di Serang teu ngumpul, tapi nyebar dimana-mana, malah aya nu
> di ruko sagala, nu hartina masih nyewa. Maklum panginten propinsi anyar,
> kantor-kantor instansi tingkat propinsi, teu acan gaduh wangunan anu
> netep.
>
> Salah sahiji anu matak kuring reugreug, geuningan di kantor instansi
> pamarentah nu ku kuring dijugjug, nyarariosna teh Basa Sunda. Padahal
> tadina mah kuring mikir, meureun di Banten mah, nu nyararios teh nganggo
> basa Indonesia we atanapi basa Jawa Banten. Tapi ieu mah ngararanggo Basa
> Sunda, persis jiga di kantor-kantor pemda di Bandung. Tadina mah boga
> rarasaan tumamu, ari pek teh asa dilembur sorangan, presentasi pagawean ge
> ngageuleuyeung lancar.
>
> Waktu kuring balik, kuring nyarita ka babaturan (urang Sunda, nu kabeneran
> babaturan saangkatan Kang Oman di kampus cap gajah), reureug cekeng teh
> geuning basa Sunda teh masih dianggo di Banten, teu salah anggapan kuring
> yen Banten teh bagean ti Sunda, keun weh misah provinsi mah ..... nu
> penting masih "sadulur" keneh.
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>

Send instant messages to your online friends http://asia.messenger.yahoo.com

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Yahoo! for Good
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke