alhamdulillah.. seueur dulur geuning...
htur nuhun kang boim.. abdi ge kaleresan KKN teh di Conggeang (1996). di Ungkal, anu katelah desa IDT harita teh. mokaha, unggal dinten mapah 3-4 km-an mapay-mapay leuweung jati pami bade ka kacamatan ngariung sareng rerencangan sa-kacamatan.
ah.. matak waas sumedang oge...
ANTAM cikotok (UPEC) teh ayeuna mah tos layung koneng.. pasosore.. padmelna seueur anu ngalih ka gunung pongkor, tempat penambangan enggal anu sok niwaskeun mangratus (rebu?) penambang emas "liar" tea saurna mah.
cikotok ayeuna tos narikolot.. patilasan lori, pengolahan batu, sareng alat2 beurat masih aya, tapi mimiti maleukmeuk karurud ku mangsa.  cenah mah rek diajanteunkeun tempat wisata, tapi jigana mah teu acan karopea..
 
DSW
 
 
 
----- Original Message -----
From: kang boim
Sent: Wednesday, 28 September, 2005 11:01
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: nepangkeun..

Haturan kang Dudin...,
bagea kang wilujeng rawuh di lembur babakan, nepangkeun sim abdi Boim bin Iim kawit ti Sumedang ayeuna nu di dayeuh Bandung. Ari ngadangu Bayah teh sok waas ka mangsa ka tukang basa  keur lalagasan keneh (masih sakola luhur), di Bayah aya babaturan anu sarua sakola di Bandung ari ramana manten kapala SMP di Bayah kawitna mah di Cianjur tapi ayeuna geus tetep tumetep jadi urang Bayah , sim abdi ge ampir jadi urang bayah lamun ti heula jadi mah ngan lain jodo meureun (sok sanajan saliwat)...heheh.

Cag...ah,

"kujangs"
-kungsi PKL di Cikotok salila 10 poe di PT. ANTAM.


On 9/28/05, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>--- In urangsunda@yahoogroups.com, "dudin supti" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> assalamu'alaikum warahmatullah wb.
> sakumaha anu tos jentre kahartos ti ki kuncen.. nya abdi bade
> nepangkeun salaku seke seler ki sunda anu aya di banten... (da
> banten oge sunda sanes?)
> abdi wasta: d.s. wahyudin, ayeuna nuju kuli di purwakarta.
> kawit ti banten kidul. aya nu terang bayah? tah eta t4 lahir sim
> kuring.




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke