kutan teh kitu...? ----- Original Message ----- From: "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Thursday, 29 September, 2005 09:20 Subject: Re: [Urang Sunda] Urang minang mangge bahasa sunda waktos nikahna
> Kang Tatan, > > Pamajikan kuring, sok manguruseun anu kawin, ti mimiti gedong, > katering tepi ka urusan upacara adat jeung tetek-bengek nu > lainna. Hiji mangsa kadatangan tatangga urang Jawa, hayang > dipanguruskeun anakna rek kawin. Atuh pamajikan teh bingung, da > teu apal kana upacara adat jawa mah, apalna ngan upacara adat > Sunda. Tunyu-tanya kaditu kadieu, ari pek teh biaya upacara adat > Jawa mah upama di Bandung, biayana langkung mahal. Si tatangga > waktu disodoran harga paket kawin make adat Jawa, ngajenghok > reuwaseun. Dibere alternatif, kumaha upama make adat sunda? > manehna daekeun, keun we cenah sanajan manehna urang Jawa, calon > besanna oge urang Jawa, tapi apan netep di Priangan, budakna ge > lahir di Bandung. Atuh waktu acara kawin teh degung sunda (kaset) > jeung lengser nu kaluar lain gending jawa. Loba nu hookeun kunaon > si Bapa eta ngawinkeun make adat Sunda. Alhamdulillah, eta nu > diuruskeun kawinna ku pamajikan teh, kamari papanggih geus > mamangku orok. > > Sabulan kamari pamajikan oge nguruskeun nu kawin. Awewena urang > Jawa lalakina urang Palembang. Tah ieu mah "full" adat Jawa. > Cilaka aya kaributan saeutik. Masalahna kieu, dina upacara kawin > adat Jawa, pihak kolot panganten lalaki teu meunang nyaksian akad > nikah jeung upacara-upacara adat sejenna. Tah indungna panganten > lalaki, nu urang Palembang ieu, teu tarima dikitukeun, asa teu > dihargaan cenah, ....hing ....ceurik, bari ngangajak salakina > balik, pundung. Atuh pamajikan kuring teh satekah polah > nerangkeun yen dina upacara adat Jawa mah, kolot panganten Lalaki > teu meunang nyaksian. Nya rada leler, tapi tetep we jamedud tepi > ka resepsi enggeusan ..... > > Baktos, > WALUYA > >> Upacara Akad Nikah Memakai Bahasa Sunda >> > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org! http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

