Ngiring mairan sakedik,

Pamendak simkuring mah ulah waka ninggal tina kacamata seni heula, 
nanging cobi emutan naon maksad eta 'tulisan' teh. Da jentre pisan 
eta teh ngarahkeun kana 'pornoisme'. Nu kitu teh di caram ku agama 
jeung darigama. Kedah di hindari sanajan mung heuheureuyan.

Sareng maksad diayakeun kusnet ieu teh kange ngamumule urang sunda 
kitu deui basana, sanes ngalelewe. Ku kituna tong rahet manah teras 
janteun paguntreung kulantaran benteun pamadegan.

Baktos,
AR


--- In urangsunda@yahoogroups.com, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Hehehe, jigana mah keur usumna nya "haraneut".
>  
> Baraya, Ieu kuring mah rek nyobaan milu "ngacapruk", naon kira-
kirana parameter anu bisa dipake pikeun ngalelebah naha hiji tulisan 
teh "merenah" atawa heunteu dipostingkeun. Meureun kieu, cenah mah 
najan kumaha wae, hakim nu panungtungan taya lian aya dina panalar 
jeung pangrasa urang sorangan. Jadi jalur kahiji, ngalelebahna bisa 
kieu: upama urang boga budak, cik sugan eta tulisan teh naha cocog 
atawa heunteu upama dibaca ku barudak urang. Jalur kadua, naek ka 
luhur, cik sugan numutkeun panalar jeung pangrasa urang naha eta 
tulisan teh cocog pikeun dibaca ku kolot-kolot urang. Sugan kitu 
oge. Hehehe. 
>  
> Wilujeng diskusi "haneut".
>  
> ===
> mh
> 
> Yudi Irmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang Surya sareng Kang Didi (atanapi saha bae nu terang)...
> 
> Abdi mah tibalik, justru hoyong terang kumaha nu peta ti payun 
ngajelaskeun nilai seni tina pantun(?) nu dikintun tea.
> 
> Soalna asa gampang pisan jelma nyebut "ieu mah seni". Balaka abdi 
mah teu ngarti kumaha nu siga karitu tiasa "nyeni" (serius Kang 
yeuh, teu ngarti pisan abdi).
> 
> Mangga ah prung jelaskeun kumaha nyenina pantun eta teh??
> 
> Baktos
> [EMAIL PROTECTED] 
> 
> --- In urangsunda@yahoogroups.com, "Surya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Wilujeung Siang
> > 
> > Mang Jamal
> > 
> > neda dihapunteun sateuacanna, mun abdi kumawantung tumaros ka 
> Emang, Ayeuna emang salaku Magister Seni ti ITB, oge salaku kuncen 
> di ieu babakan, sarta ieu posting pernah katampi ku emang,
> > sigana emang ngagaduhan hiji alesan
> > yen posting ti Kang Didi teh salah
> > cing naon alesan emang ?
> > sakali deui abdi neda dihapunteun, sanes abdi kumawantun
> > mung ieu teh kan tos lami "beredar" di milis-milis nu lain
> > saha nu apal, isuk jaganing geto, disalah sahiji milis
> > nu kuabdi "ikuti" aya postingan model kieu,
> > pan abdi tiasa ngawaler, yen eta teh salah.
> 






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help tsunami villages rebuild at GlobalGiving. The real work starts now.
http://us.click.yahoo.com/T8WM1C/KbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke