Ass.wr.wb. Leres pisan kang, sarijadi tea. upami cibarunay ka kulonkeun kapungkur mah aya curug.. (duka namina hilap deui) tah ayeuna curug-curugan di sabudeureun sarijadi teh teu aya. Curug sigay ayeuna mah saageung susukan. Curug aleh oge duka kumaha nasibna, ayeuna katutupan ku studio nyoman nuarta.
Memang waas kang sarijadi baheula teh, komplek perumnas dikurilingan ku kampung di opat juru, jerokaso, awingahgar, cibarunay, cibogo.. tebih kaditu kadieu. jalan ukur satapak digedeng ku eurih sajangkung pingping. Teu aya komputer komo PS mah, ari ulin mun teu ngaprak mapay2 galengan paling uucingan, ucing nyumput, ucing sumput sendal, sorodot gaplok, galah asin, gatrik, bebentengan. Nu waas mah kang, sorodot gaplok, abdi mah mapay2 kampung milarian batu beusi anu rubak keur kokojo. Sakapeung mah nikreuh ti sarijadi ka awingahgar ukur milarian batu. Tara kaliwat jeujeur jeung urek, da baheula mah seueur sawah tea jeung susukan, lumayan atuh bogo atawa beunteur wae mah. Kaulinan rada gaya teh ngadu gambar atawa kaleci. Ari gambar mah bangenan kuring mah tina pabit 12 teh tiasa janten sakaleng kongguan eta teh kang. Tah upami ka cipedes mah sakapeung ari moro langlayangan teh sok dugi cipedes kumaha hiberna nu eleh we... ayeuna mah, mun sorodot gaplok atawa maen gatrik, diseungseurikeun moal nya atawa dianggap aneh kitu ? ---- Baktos Moch. Dedy Thursday, September 29, 2005, 4:32:04 PM, you wrote: --- AR> Waaalikum salam kang dedy, AR> Teu sawios kang elat oge. Da moal di strap ku guru hehe. Kang, Ari AR> sarimanis teh di sarijadi asanamah nya? caket atuh. Pun bapa ge AR> urang cibarunay (ayeunamah sarijadi). Sok emut kapungkur nuju alit AR> sok di aakod ku pun bapa upami bade ngalongok aki. Mapay mapay jalan AR> satapak jeung galengan. Meuni wararaas. AR> Baktos AR> Ar ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a difference. Find and fund world-changing projects at GlobalGiving. http://us.click.yahoo.com/j2WM0C/PbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

