Ass.wr.wb. m> BEWARA: m> ka baraya kusnet nu anyar, tong sologoto teuing hayang m> ngirim sagala rupa make merek budaya. anjasmara m> taranjang ge dibahas. siga nu euweh deui urusan atawa m> pikiraneun.
m> wayahna, fokus we ka soal sunda, rek sunda enyaan, m> atawa susundaan. m> Kuncen #3 ------ ih... galak geuning mang kuncen teh... MJ punten ah sanes bade kumawantun, rumaos sim kuring mah anggota enggal, atuh perkawis nu kararieu oge atah keneh kuring mah, tapi punten mugi ulah rengat galih supados ulah meupeus keuyang ka anjasmara... hawatos anjasmara teh, tos mah ditaranjang teu diacuk jaba mah ku opini publik dihakiman, ayeuna ku MJ oge diseukseukan... karunya atuh dian nitami bojona. Leuwih karunya deui kuring teu jadi ka dian nitami.. euhm karunya nya..... Tapi panginten, aya positip na perkawis anjasmara teh, supados teu diturutan ku nu sanes, margi awon. Upami teu dihulag ayeuna, bilih aya nu nurutan... kitu panginten. Atuh, pokus kana kasundaan oge sae... utamina kangge ngaronjatkeun eksistensi US tea sanes ? US geuning lurrr... US anu dina buku pelajaran sejarah (basa kuring SD nepi SMA) teu boga peran --duka dina buku ayeuna mah --. Padahal sajarahna dimimitian ti AKI TIREM - Nyai Saripohaji - Karajaan Salaka Nagara. Buku sajarah nu ujug2 tarumanagara, terus we di pungkas ku padjajaran. Di mana karajaan2 saperti pakungwati, indraprahasta, sunda sembawa, galuh, galunggung dina buku sajarah ? Buku sejarah nu ujug2 ngabahas Sanjaya salaku raja mataram, naha teu dibahas yen sanjaya teh raja Galuh... yen R. Wijaya teh terah sunda..? Naha nu dibahas ngan ratu sima, hayamwuruk, angling darma, naha demunawan, sang manarah, mandiminyak, tarusbawa, gajah kulon teu dibahas ? --Heupppp... jang heuppp.... heuuuupppp stooppppp ngacapruk teh kabina bina teuing !!!!!! ulah sumanget teuing ah.. anyar di cas meureun nya!-- Aeh.. sakali deui punten MJ, mugia ulah janten raheut manah... baktos ------ Moch. Dedy ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help Sudanese refugees rebuild their lives through GlobalGiving. http://us.click.yahoo.com/V8WM1C/EbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/