Ehm...
Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh..

Baraya Kusnet sadayana,
hususon ka anu kapéto janten Panitia Halal Bihalal Kusnet 2005
dibewarakeun yén bade diayakeun acara kempelan Panitia sakantenan
acara Buka puasa sasarengan nu Insya Allah badé diayakeun dina : 

Dinten Saptu, ping 15 Oktober 2005
ngawitan tabuh 15.00 sonten dugi ka réngsé
di bumina Kang Akos Kosasih
Jl. EE No.4 RT.07/RW.01, Sukabumi Utara, Kebon Jeruk, Jakarta Barat. 
tapi kanggo langkung jelasna, bilih nyasar, mangga nelpon waé kana 
hapé Kang Akos : 0811-171056
Acara : 
Silaturahmi, buka puasa sasarengan sareng Ngabahas 
perkawis teknis acara kanggo Halal Bihalal

Kukituna, ka réngréngan Panitia dihaturanan supados sumping.
kitu ogé ka baraya sanesna anu hoyong ngiringan ieu acara, anu 
hoyong nyumbangkeun ideu, usulan, tanaga, komo nyumbang artos mah..
kaci pisan, teu kedah angkaribung babantunan, ku sumpingna ogé 
tos hatur nuhun pisan.


Sakitu anu kapihatur,
Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh..


-Ndoell-
tukang wawar


hapé : 08129056192
imel : [EMAIL PROTECTED], [EMAIL PROTECTED], [EMAIL PROTECTED]

Anu badé sumping, mugi kersa ngajapri atanapi ngintun SMS.
 
 
 
én-bé :
kanggo inpormasi : Susunan Panitia Halal Bihalal
----------------------------------------------------------------------
- Pamangku Hajat : Uwa Siddik Wiradiredja
- Penasehat : Uwa Sasmita, Mang Jamal, Kang Maman Gantra, Kang Tirta 
Wijaya 
- Pupuhu : Kang Akos Kosasih
- Tukang Cutat-catet : Kang Ikmal, Teh Tia
- Tukang Babayar : Teh Imas Mustakim
- Tukang Wawar  : Kang Nanang, Kang Runa Inawan
- Nu ngurus Acara : Mang Oman, Teh Nenny "Ambu", Kang Hendri 
- Em-Si : Kang Gunawan Yusuf, Kang Casnan, Kang Taopik
- Nu ngurus katuangan & leueuteun : Kang Surya, Teh Ani, Teh Iva, Teh 
Pupi, Teh Mia, Teh Anna
- Nu ngurus Akomodasi/peralatan : Kang Rezza, Kang Dudi, Kang Hendra 
& Kang Yayan 
- Tukang pilem & motrét : Kang Rachmat Rawyani, Kang Hari "Bowie" 
Wibowo
- Nu ngatur Olah raga/Kasenian : Kang Tantan, Kang Irfan, Kang Dadang 
& Kang Herdiansyah
- Tukang Angkag-ingkig : Kang Kumi, Kang Cepi, Kang Romi & Kang Adeng 
 
 
imel ieu dikintun ka :
[EMAIL PROTECTED]
[email protected]
[EMAIL PROTECTED]





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help tsunami villages rebuild at GlobalGiving. The real work starts now.
http://us.click.yahoo.com/T8WM1C/KbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke