kuring mah terang teh nu di banten kidul wungkul.  seren taun teh diayakeun di daerah2 kasepuhan banten kidul: ciptagelar, cisungsang, sirnaresmi, cicarucub, jeung sababaraha deui nu sejenna.
acara-acara dina seren taun (serah taun) teh lir "jati kasilih ku junti". acara-acara sakral sareng tatabeuhan tradisional alon tapi pasti kadeseh ku musik2 modern anu mimiti mahabu di kampung-kampung.  baheula mah (waktu kuring leutik), dangdut jeung organ teh can aya. aya ge anu pangdipikaresepna teh "ngalaes". mun di kota mah samodel sirkus, lah. olahraga "kesetimbangan" jeung atraksi ngagunakeun tali dadung anu dibatek dina tungtung dua leunjeur awi anu jangkung. turis-turis biasana resepeun pisan kana ieu performance teh.  cacak teu ngagunakeun alat pengaman pisan di handapna.
ayeuna mah, kasepuhan2 teh geus mimiti turun pamorna.  loba anu marisahekun diri, ku loba alesan.  tina masalah lunturna ajen kasepuhan (kadang-kadang ku paripolah maranehna keneh) nepi kana masalah2 bermotif materi [eta anu karampa ku kuring].
di antara kasepuhan anu "eksis" jeung onjoy pisan dina publikasi ka luar nyaeta kasepuhan ciptagelar (ciganas) anu kaasup wewengkon kabupaten sukabumi.  proses PR-na hade pisan katingali ku kuring mah.  sahingga saolah-olah kasepuhan teh ngan eta-etana di banten kidul teh. kabeneran pun ua teh bilukna ka ieu kasepuhan. (di kulawarga kuring aya sababara "mazhab" kasepuhan gumantung kana "kayakinan" masing2).
kasepuhan banten kidul teh baheulana mah (sakaterang kuring) ngan tina dua dapuran: pancer pangawinan jeung muara madur. kasepuhan muara madur ayeuna teh geus ampir tilem. pancer pangawinan tumuwuh jadi sababaraha kasepuhan ayeuna.
 
----- Original Message -----

 
 
Saterasna atuh abdi bade naros ka teteh oge baraya sadayana, di tatar sunda teh nu sok ngayakeun acara seren taun teh daerah mana bae nya? Teras naha aya bentena kitu di hiji daerah sareng daerah sejena?
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke