pangesto, juragan....... punbojo mah keur sararebel wae cenah, mudah2an bae lain lantaran ningali beungeut salakina...

heuheu... nuhun ah tos ngelingan, da kumaha atuh, kuncen juga manusia...

ngarah jawaban ieu teu pondok teuing, kuring rek malik nanya bae sakalian...

bulan puasa mah "identik" jeung taraweh,  najan sabenerna taraweh teh hukumna "ukur" sunah.
tah, dina prakprakanana, urang geus pada2 terang, yen aya nu ngalaksanakeun 8 rokaat + 3 witir, aya oge nu 20 rokaat + 3 witir. Aya anu salam unggal dua rokaat, aya oge anu salam unggal opat rokaat.
Di lembur kuring, taraweh teh ilaharna mah make itungan 4+4+3 = sawelas rokaat, pleus solat HOPIPATEN (khafifatain) dua rokaat samemehna prung taraweh anu sawelas.. Dina unggal opat rokaatna teh sok make tahiyat awal (kawas solat isya/lohor/asar, iwal yen dina unggal rokaat bacaanana lengkep + surat ba'da fatihah). Di tempat sejen anu make cara opat-opat, aya oge nu teu make tahiyat awal (kawas dina witir, mun tilu rokaat teh ngan sakali tahiyat, dina ahir). Dina buku FIQIH ISLAM, ukur disebutkeun ngeunaan solat witir nu teu make tahiyat awal, lebah anu opat-opat mah henteu. sedengkeun dina buku RISALAH SHALAT terbitan Persis, disebutkeun yen anu opat-opat teh sarua oge jeung witirna, teu make tahiyat awal. Ngan, duanana teu ngeceskeun ayana dalil ngeunaan hal ieu. Mangga, manawi aya nu uninga... Upami tiasa mah sareng dalilna...

isk

On 10/11/05, Kamal Idris <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kumaha kabarna juragan sareng juragan istri... damang ??? sukur atuh ari damang mah
punten ah bade ngelingan hungkul...
pami bade ngintun serelek ulah ngan sa encrit sa encrit atuh
ari kabatur bisa mamatahan... ari sorangan nana nyontoan teu bener
heuheueheu... pan ngenah isuk-isuk geus nyarekan kuncen...
jaba manehna keur puasa.. pasti moal ngambek da sieun batal tea heuheu deui ah


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke