Wilujeng tepang Teh Ely sareng warga KUSNET sadayana, hapunten abdi tara ilu biung di KUSNET ngan ukur macaan wungkul.
Teh Ely di Medan na palih mana? abdi oge linggih di SUMUT, ngan abdimah di Deli Serdangna (Tanjung morawa).
Abdi oge kantos ka Masjid Raya mung teu acan ngaraosan bubur pedas mah, kumargi ngantri pisan. Janten jajan we di luar masjid-na.
 
Tos ah bade macaan surelek deui.
Irwan.
 
On 10/10/05, ely djulia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Muhun wilujeng tepang deui Kang Jalak, ehh Rayi nya, oge sareng sadayana.
Salami Agustus-September di dieu listrik dilereskeun da eta weh meh ampir unggal dinten jeprett...... jeprettt pareum kadang ti enjing dugi ka siang, teras ti sonten dugi ka wengi. Atuh nuju ngetik, nuju kuliah, nuju di ..... teu lancar.
Ayeuna alhamdulillah listrik teh tos damang deui.
 
Beda jeung di lembur urang ari takjil teh sarupaning kolek, kolek cau, kolek sampeu, candil, dsb. Di dieu mah seueurna kukuehan. Pangaosna lima ratus rupiaan, murah meriah. Ti tabuh 2 siang di jalan-jalan tos seueur nu icalan jajanan kanggo tajil. Aya apem, bolu, bugis, timpan (tah ieu rada aneh, cenah asli ti Aceh). Kuring mah sok rajeun neang nu araraneh nu teu aya di Bandung, nyaeta timpan tea nu dibungkus daun, diseupan, eusina cakial di lebetna aya sarikaya, mun di urang mah siga katimus ngan dieusian sarikaya.
Kolek jarang di dieu mah, ari surabi kinca mah aya tah kasedep sim kuring.
Pami bika di dieu nuju ngetop bika Zulaikha, ari markisa Pohon Pinang.
Tos ngaraosan juice terong belanda? Itu tuh nu warna beureum seger, rada haseum, seger pokokna mah.
Nuju milarian waktos yeuh hoyong buka di Mesjid Raya bari ngaraosan bubur pedas asli Melayu, saurna mung aya unggal sasih Ramadhan, khusus diayakeun ku kulawarga Sultan di Mesjid Raya Medan.
Para wargi tos bade baruka nya wilujeng buka puasa ka sadayana. Sim kuring mah ke kirang langkung sajam deui. Tos ah bade milari jajanan tajil heula ieu ge.
 
Salam,
Ely


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke