Asa kagagas deui pangalaman kapungkur saum sareng lebaran di Perancis.
 
Salami 8x puasa sareng 8x lebaran teu acan kantos ngiringan solat ied di Paris, kahijina tebih (waktos eta abdi di Tarbes sareng Toulouse) atuh anu utamina mah lebaran teh tara liburan sapertos di urang, malih kantos lebaran teh nuju usum ujian,. bororaah tiasa kamana-mana.
 
Salam pangwanoh kanggo Kang Ganjar ti Cimahi.
 
Abdi Umar.

Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> a écrit :

 

Saum Sareng Lebaran di Prancis

 

            Sasih saum di Prancis mah tangtos bénten sareng di lembur. Tetebihan kangadangu sora dulag (di urang gé kétang di kota-kota mah tos ngawitan teu aya bedug téh), dalah urang  Prancis na ku anjeun ogé sigana seueur anu teu terangeun yén nuju sasih kaum.  Anu ngaraos tur ngararaoskeun téh tangtos anu agamina Islam wungkul. Nurutkeun data, Islam téh  agama nomer tilu di Prancis sabada Katolik sareng Protestan. Anu ngagem Islam di Prancis kirang langkung aya kana dua yuta na; seuseurna para imigran ti nagara Afrika sareng urang Timur Tengah. Tapi ari anu saum mah tangtos ngan anu kagero ku kecap “Ya ayyuhalladzina aamanu kutiba ‘alaikumusshiam”; hartosna anu ngaros “iman” wungkul, anu teu ngaraos mah teu sawios-wios, magar téh onta ogé cacakan di Arab tara saraum.

            Saum taun ieu téh  lagrag dina usum gugur, kukituna panjang wengi sareng siam méh gedeg. Ngan angger panjang kénéh wengi; subuh teh nembé tabuh 6.20 énjing sedengkeun bukana tabuh antawis tabuh 7.00 dugi ka 7.30 wengi. Kumargi tos rada-rada tiris (antawis 8 – 10 darajat C), janten karaosna teu patos abot (maksad téh tara hanaang, tapi kétang ari patuangan mah usum tiris téh justru  sok langkung teterejelan). Anu raos mah saum téh pas dina usum tiris nyaeta sasih Desember atanapi Januari. Saurna tabuh satengah dalapan enjing, bukana tabuh satengah lima sonten. Sedengkeun saum anu pangabotna dina usum panas, utamina sasih Juni, margi siangna panjang pisan. Imsak tabuh satengah tilu subuh, sedengkeun bukana ampir tabuh satengah sabelas wengi.

            Saum dina usum panas mah sok rajeun aya anu milarian dalil. Panjang-panjang teuing cenah saum téh, rék nurutan siga di Indonesia waé magar téh. Imsak tabuh opatan, buka tabuh genepan. Tapi anéhna ari saum dina sasih Desember mah, raraosan can aya anu hoyongeun saum ngagunakeun waktos siga di Indonesia. Mémang saum sasih panas téh salian ti panjang, panasna ogé sanés lumayan. Sakapeung dugi ka 40 darajat celcius. Pribados kantos ngalaman saum sasih panas téh waktos jaman tolab pertengahan taun dalapan puluhan. Acan deui gogoda anu sanésna, diantawisna gogoda soca. Kapan usum panas mah si enéng bulé téh sok resep buluklak boléklak. Acuk pungsat, pinareup kamana mendi teu kawadahan, malihan kaluhuran mah sok aya anu bulucun pisan. Kituna téh bari lalangkarakan di taman-taman. Aya deui gogoda sanésna. Kumargi waktos jaman sakola téh ngan nyorangan, milarian dahareun kanggé buka téh sok di réstoran universitas waé siga biasana. Tah ari lebet ka réstoran universitas teh sok kedah antri pasedek-sedek; sakapeung  sok silih surungkeun (tidituna mah heureuy siga tarawéhan jaman keur budak di urang panginten). Atuh ari keur pasedek-sedek téa sagala kabadug, kalebet pinareup anu tara diwaradahan tea. Saur ki sobat anu ahli heureuy mah, teu kalebet dosa cenah da teu ngahaja. Nyebat kituna téh aya émbohna deuih. Majar téh anu pangresepna bulan puasa téh justru upami nuju antri di réstoran universitas ........................      

            Upami di urang mah awal puasa téh kapan sok diumumkeun dina televisi atanapi radio. Di ditu mah baroraah. Béja awal puasa téh sok pabeja-beja wae. Sumberna masjid Paris. Salah saurang pangurus anu sok ngokolakeun jumaahan, biasana kontak ka éta masjid. Upami tos karuhan waktosna, teras disebarluaskeun ngalangkungan telepon, atanapi urang anu nelepon ka éta pangurus. Urang masjid Paris na ku anjeun duka kumaha   nangtoskeun awal saum teh. Ninggali kana can ditangtoskeun tianggalna mah, sareng deui dongkapna wartos anu sok méh tengah wengi,  sigana mah ngagunakeun oge metoda ru’yah. Tapi kétang duka naon anu ditoongna (punten maksad téh duka dimana noongna ?)

Sami sapertos awal ramadhan, katangtosan awal syawal ogé kedah ngantos heula dawuh ti masjid Paris. Kantos ogé ngeplos, hanas tos pakpikpek ngadamel kupat, manahoréng lebaran téh  pagétona. Khusus ngeunaan kupat, di Perancis mah tos ampir ti taun dalapan puluh mula, cangkang kupat téh tina plastik (sanés dibungkus ku daun kalapa). Upami teu lepat mah buatan Amérika dan mérekna ogé Uncle Ben. Di urang ogé ayeuna mah sigana tos aya. Salian ti teu aya daun kalapa, bungkus kupat ku plastik téh teu rincid. Raosna mah ampir sami ngan teu aya seungit-seungit daun. Ngulubna ogé tiasa énggal teu sapertos anu dibungkus daun kalapa anu méh sawewengi.

Ka anu badé ngersakeun tarawéhan tiasa angkat ka masjid. Di Perancis ayeuna tos ngawitan aya sababaraha masjid. Khusus kanggé urang Paris, tiasa ngalaksanakeun di masjid Paris, atanapi masjid sanésna sabudeureun Paris sapertos di daerah Barbes; di luar kota ogé tos ngawitan aya masjid diantawisna di daérah St. Quantin Yvelinnes kirang langkung 30 Km. ti Paris. Urang Indonésia mah biasana sok tarawéhan di gedong KBRI. Ngan tara unggal wengi. Dina saminggu téh ukur sakali, nyaéta unggal malem Saptu wungkul. Pertimbanganana sigana mah barabé upami diayakeun unggal wengi téh. Margi pan bumi jamaahna tarebih, sareng pambeng deuih. Bubar kantor tabuh 17.00 ari buka tabuh 19.30 dilajengkeun ka Isya/tarawéh tabuh 21.30 atuh bubar téh tabuh 22.30. Anu barabé téh, ogé nyiapkeun bukana. Aruih heula ka bumi tebih, mekel tuangeun ti bumi sesah manaskeunana. Panginten alesan waé kétang. Anu sok resep dadalilan mah aya émbohna, “tarawéh téh kapan sunat, sedeng anu sunat mah saé kénéh dilaksanakeun di bumina masing-masing”. Dina prakna mah duka di bumina masing-masing téh duka sok tarawéhan duka henteu. Tapi ari ngukur ka diri pribadi mah, seuseueurna lapur. Kasambet panyawat horéam.

Tarawéhan di KBRI sok dingawitan ku buka sareng. Tuangeunana kintunana ibu-ibu. Siga di urang waé aya giliran. Tarawéhan taun ieu mah ibu-ibu téh karoroncodan. Maklum nyadiakeun tuangeun ngan saukur tujuh puluh urangeun, ari anu hadir langkung ti saratusna. Atuh aya anu teu kabagéan. Jamaahna salian ti warga KBRI, ogé masyarakat Indonesia anu aya di Paris, kalebet anu narikah sareng urang Prancis.  Alhamdulillah diantawis urang Prancisna ku anjeun aya anu ngariring netepan.

Waktos pribados tolab di Montpellier, tarawéh téh dilaksanakeun di asrama. Jamaahna campur sareng bangsa deungeun, utamina urang Arab. Harita mah saum téh kapan usum panas téa. Nya tarawéh téh ampir tengah wengi da isana ogé tabuh satengah dua welasan. Urang Arab téa, ari janten imam téh kapan sok ngaréngsékeun sa juz samangsa tarawéh. Atuh tarawéh téh ampir dua jamna. Réngsé tarawéh langsung saur, da imsakna ampir satengah tiluan. Ngaréngsékeun  sajuz sawengi téh, dilakonan ogé ku masjid-masjid sanésna. Ngawitan mah sok hélok terang imam apal kana ayat di luar mastaka téh; tapi barang diteges-teges, horéng aya ogé anu maca ayat téh tina Quran alit. Dina mangsana sujud, ruku sareng maca fatihah Qur’an téh disakuan, dina mangsana maca ayat dikaluarkeun. Tapi seueur ogé anu ngolotok. Hébatna diantara para jamaah ogé seueur deuih anu apal. Dina mangsana imam hilap kana naon diucapkeunana, diantara jamaah réang manglempengkeun.    

Anu nalangsa mah mun dongkap kana mangsana lebaran. Héab-héab lebaran téh ngan di KBRI wé wungkul; pédah dilaksanakeun sholat Ied. Di tempat sanésna maha baroraah. Kantor buka sabihari. Sapertos kana saum; urang Prancis mah biheung apaleun aya anu lebaran. Waktos jaman nuju keurseus bahasa, sakelas téh padahal urang Indonésia wungkul, tapi sakola téh ngan masihan ombér peré dugi ka solat ied wé wungkul. Atuh réngsé solat ied mah breng deui waé neraskeun garapan diajar. Solat ied téh méh jam salapan énjing (duka kumaha nangtoskeunana, da ari di lembur mah kapan tabuh genep atanapi satengah tujuh ngawitanana téh). Pédah solat ied téh dina waktosna gawé atanapi sakola, atuh diantawis anu solat iéd téh seueur anu gura-giru teu taramat ngadangukeun khutbah. Pating laléos kitu waé. Padahal di lembur mah réngsé sholat ied téh kapan resep pisan. Ubrang-abring kaditu kadieu silaturahmi bari nyobian kuéh tatangga.

Khusus kanggé urang Indonesia di Paris mémang aya ogé “open house” anu dilaksanakeun di padumukan duta besar. Atuh para diplomat anu sanésna sok aya ogé anu ngayakeun “open house”. Ngan kumargi rahayatna ngan sakedik bring kaditu kadieu téh guk gok éta deui-éta deui alias ceuk barudak ayeuna mah 4 L téa (lu lagi-lu lagi).

 

Nikmat lebaran téh diantawisna lamun ngadangukeun sora takbiran. Kumargi di KBRI mah tara aya malem takbiran, atuh ngararaoskeun nikmatna sora takbiran téh ngan dina mangsana badé sholat ied wungkul. Di sababaraha masjid lafadz takbiran téh unina kieu (bénten sareng di urang): “subhanallohi walhamdulillahi walaa ilaaha ilalloh huwallohu akbar – allohu akbar walillahilhamd”.

Tong baroraah di lembur deungeun, dalah di lembur sorangan ogé upami ngadangu sora takbiran téh teu karaos cimata sok ngeclak kana lahunan. Ngan ari di lembur batur mah sakapeung sanés napakuran diri, tapi  ngawawaas suasana lebaran di lembur. Teu lucu mémang, dina mangsana kedah nyaliksik lalampahan hirup, émutan bet luas-léos tebih pisan nepi  ka beuleum ulén sareng tumis garing. Gusti hapunten abdi.

                         

 

Paris, 10 Oktober


Appel audio GRATUIT partout dans le monde avec le nouveau Yahoo! Messenger
Téléchargez le ici !


Appel audio GRATUIT partout dans le monde avec le nouveau Yahoo! Messenger
Téléchargez le ici !

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke