itung2 ngabuburit....

.. tes basa Inggris;

Bu Lia téh guru basa Inggris anu katelah the killer ceuk barudak mah.

Barudak awéwé mah biasana balageur, béda jeung barudak lalaki nu

borokokok.

Unggal badé réngsé palajaran, anjeuna sok ngetést murid-muridna.

Poé kahiji.

"Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal irregular verb,

anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! ", saur ibu guru Lia.

"Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor ! ", ibu

ngancem

"Fitha, sok sebutkeun contona irregular verb !", ibu guru Lia naros.

"Bring - brought - brought, hartosna nyandak"

"Alus. Cikan Yogi ! Tong heureuy baé !", si Yogi katelah tukang heureuy.

"Dag - dig - dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR".

"Nangtung dihareup ! Dadan ! "

"Brang - bréng - brong, hartosna ema ngambek di dapur alatan teu gaduh

béas"

"Nangtung dihareup ! Dikdik ! "

"Begang - begéng - begung, hartosna siga awak Datuk Maringgih "

"Nangtung dihareup ! Yusuf ! "

"Dar - dér - dor, hartosna perang di Irak jeung Paléstina"

"Nangtung dihareup ! Mahmud ! "

"Pak - pik - pek, hartosna abdi bébérés di bumi "

"Bohong manéh mah tara bébérés .Nangtung dihareup ! Endang !

"Blag - blig - blug, hartosna si Atun diajar leumpang "

"Nangtung dihareup ! Nandang ! "

"Brak - brik - brek, hartosna awut-awutan "

"Nangtung dihareup ! Naddy ! "

"Plak - plék - plok, hartosna bararahé "

"Masingna asé réhé atuh ! Nangtung dihareup ! Epul ! "

"Cas - cis - cus , hartosna nyarioskeun batur "

"Nangtung dihareup ! Kabéh baralegug ! Doddy ! "

Si Doddy téh budak nu geumpeuran, titatadi geus ngahodhod sieuneun

ditanya.

Ayeuna ditanya pisan ku bu Lia.

Bakating ku geumpeur, ari seduuut .... téh hitut !

"Brat - brét - brot nyah ! ?, saur ibu Lia mayunan : " Kaluar kabéh ! ",

ibu Lia bendu.

Poé ka dua.

"Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal present continous,

anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! ", saur ibu guru Lia.

"Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor ! ", ibu

ngancem

"Ridwan, sok sebutkeun contona present continous !", ibu guru Lia naros.

"Hi istuning (he is tuning),hartosna dia keterlaluan ".

"Manéh nu istuning belegug pisan mah ! Déni !

"Déy weureu daun (they were down), hartosna mereka weureu daun"

" Weureu daun naon manéh téh Déni ?!, kahareup kabéh ! Matak TBC ngajar

barudak kawas kieu mah !", bu Lia bendu.

" Ah moal bu, buktosna pun rama ngajar di TC séhat-séhat saja tuh...."

" Heueh da gajihna béda jeung guru SD ! "

**


Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke