Wa'alaikum salam wr wb.,
Kumaha nya ngawaler patarosan Kang Don ieu? Indonesia teh lega pisan. Ku lega-legana nepi ka baheula, keur sorangan asruk-asrukan ka paleuweungan Kalimantan, kungsi papanggih jeung sagolongan urang Dayak anu teu apal saha ngaran presiden Indonesia, padahal eta wilayah teh wilayaha NKRI keneh dina kar (peta) mah.
Ku lega-legana Indonesia nepi ka angkatan laut jeung kapolisian urang (NKRI) kawalahan -malah teu sanggup - ngayakeun patroli di sakuliah lautan jeung basisir Indonesia...nepi ka ..anu nyulusupkeun ti mimiti bawang bodas, gula bodas, minyak, nepi ka pakarang di wewengkon laut-laut Maluku, Poso...oge Bali sigana....sabatae...antare kacida. Angkatan laut urang khususna, ABRI urang jembarna, taluk, lain taluk ka musuh, tapi taluk ka....legana wewengkon Indonesia.
Indonesia anu mana anu ditaroskeun teh? Di Jakarta mah anggota DPRD keur saruka bungah, gajihna rek naek gede pisan. Di hiji kabupaten di Jawa Timur mah angka anu asup ka RS Jiwa ngaronjat antara 10 nepi ka 20 urang sapoe. Di Sukabumi-laporan Kang Hendri kamari- hiji warung tanggeuhan tempat balanja di hiji kampung tutup alatan euweuh anu balanja. Di Jawa Barat aya kamungkinan anu miskin baris naek nepi ka 50% penduduk Jabar....Di Bali sababaraha bom karek pisan ngabeledug....di media-media tokoh-tokoh masyarakat "kameumeut ummat" dijadikeun alat keur ngabeberah anu jadi korban kanaekan BBM.
Indonesia anu mana? bayaran brudak sakola msih tetep ditarik sok sanajan aya dana BOS....Leuweung beuki ruksak, cai beak, rakyat balangsak...meh di sakuliah Indonesia. Bancangpakewuh kerep kajadian...ti mimiti anu gede kabina-bina, nepi ka anu geus dianggap biasa. Nyawa sakapeung euweuh pisan hargana. Bancangpakewuh anu sakapeung cukup ukur diteumbleuhkeun kana kasalahan alam, lain kana kasalahan manusa anu teu bisa ngadata, teu bisa ngokolakeun data jadi informasi, teu mampuh nyalabarkeun informasi jeung sasadiaan nyanghareupan barobahna alam dumasar eta informasi....
Indonesia anu mana Kang? Di Jabar, rencana bendungan Jatigede anu ceuk itungan rek meakeun 7 trilyun duit injeuman diingkeun sina jadi, ngorbankeun 60-an situs kabeungharan jeung tutunggul budaya Urang Sumedang anu - tong boroning Sumedang dalah Cirebon oge - tunggal Sunda keneh. Geus dimimitian anu rek nyieun bendungan teu kalis ku anu ngahalang ti anu ngalawan bari seuri nyeungseurikeun anu boo katotoloyoh alatan kasarakahan hirupna. Rek nyieun bendungan dina leuwi anu geus puluhan taun oge erosi meh nyaruaan caina, ulah reuwas wae lamun engke bendungan teh tinimbang ngawadahan cai kalah ka jadi bendungan taneuh lumpur.
Sawatara eta, aya alternatif pikeun ngudag tujuan diadegkeunana ieu bendungan bari jeung teu kudu ngarobah alam walungan, anu biayana ukur 1/7 - na ti anu dipikamelang, tapi baris ngahasilkeun mangpirang-pirang, boh caina, boh energina, oge hawa jeung rajakaya alam sejenna; alam hejo ngemploh, cai cur-cor sapanjang waktu, bubuahan jeung sayuran oge pare teu kurang, sabab miang tina ajen-inajen "kearifan lokal" leuweung talun; tapi teu dipalire ku anu keur kawasa teh.
Indonesia anu mana Kang? Seueur pisan, tacan kajadian di Depag, MA, Deptan, jst para koruptor anu keur tagiwur nyanghareupan pamariksaan atawa kamera wartawan di jajalaneun ka rohangan pangdilan .
baktos,
manAR
On 10/15/05, don sumikah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
ass.wr.wb dir damang? akang oge alhamdulillah danget ayeuna nuju aya panangtayungan ti Alloh SWT.kumaha kabar wargi2 sadaya? sarengna deui iraha wargi2 nu bade angkat kanagri gingseng teh janteunna?dir kumaha kabar Indonesia danget ayeuna???didieumah mani rame nu nanya masalah Bali,Poso,jeung lain sabagaina mani bingung da abdi oge saleureusna teu teurang nanaon.ah pokoknamah ari abdimah sakali Indonesia tetep Indonesia nu merdeka taun 45 nu lambangna Burung Garuda tea (mudah-mudahan teu acan robih).punteun sakali deui kumaha kabar nagri urang dina danget ayeuna nusaleureusna??????
narda athalasyah < [EMAIL PROTECTED]> wrote:heunteu pami akang nu di korea. Koreana palih
mana...??? kumargi enjing ge abi bade ka korea tepatna
di pyungtaek, Chongory kitu tah kang
--- Kang Ule <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Bagea kang Yanto,
> mangga wilujeng ngarieung di Lembur BaKus anu
> dipikameumeut tur dipikareueus
> ku urang sadaya.
> sami sami nepangkeun, wasta sim kuring Cecep Wahyu,
> kawit ti Bandung (
> Cicadas "Nagara Beling tea" ) ayeuna nuju nyiar
> rijki di Kep. Riau merenahna
> di P. Bintan pulo sagedengeun P. Batam.
> mangga kang lajengkeun, mugia sing betah
> tumaninah...mangga geura guar
> pangalaman sareng pangaweruhna.. sim kuring mah
> biasa wae bagean mulungan...
> Baktoz,
>
>
> 2005/10/1, aqis fairuz <[EMAIL PROTECTED] >:
> >
> > Sampurasun………………?!!!
> >
> > Nepangkeun………………. Kawargi sadaya nu aya di
> Millist Kusnet.
> >
> > Simkuring Yanto, ( da kuring mah aya terah UJ
> namung ti ngawitan gubrag ka
> > alam dunya dugi ka ageung di bandung ), dupi kawit
> mah mah di dayeuh
> > Bandung di leresan padasuka sagedengeun saung
> angklung Udjo, namung ayeuna
> > nuju ngumbara/buburuh di Korea, simkuring uninga
> Kusnet dipasihan terang
> > ti wargi urang keneh nu nuju mancen tugas di Korea
> oge sami anjeuna ti
> > Bandung,
> >
> > Cekap mung sakitu heula, boh bilih aya seratan anu
> kirang merenah mugia
> > kersa dihapunten.
> >
> > Hatur nuhun ka Kuncen sadaya
> >
> > Wassalam
> >
> > Abah Aqis,
> >
> > Busan City Korea
> >
> >
>
__________________________________
Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005
http://mail.yahoo.com
Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

