Tah ...leres neng Iva, mental jeung sikep urang Barat nu model diserat ku neng Iva ieu nu kudu diturutan. Aya memang nu teu cocog jeung urang, jiga samen-leven jeung loba nu atheis. Nya nu kituna mah teu kudu diturutan. Nyonto ka urang barat, lain hartina irung urang nu pesek oge, kudu dioperasi plastik sanes?
Kalakuan tiap etnik, sok aya nu spesifikna, tapi aya oge anu universal. Tah nu universal ieu, lamun hade, kudu diconto. Nu spesifik mah, teu kudu diturutan, jiga bedana urang Sunda jeung Urang Arab. Ceuk Prof Mulyana dina artikelna dina PR (Gubes Fikom Unpad), urang Arab paling teu suka lamun bujurna karampa/kasentuh, eta sarua jeung ngahina. Beda jeung urang sunda, bujur mah henteu masalah, tapi lamun rumpu-rampa kana sirah, kakara ngahina. Urang ARab oge resep dicoo janggot. Ceuk sang professor, waktu manehna nawar hiji barang, bari nyoo janggotna nu dagang, nu dagangna teh resepeun pisan, tepi ka barang nu ditawar teh langsung dibikeun ..... Baktos, WALUYA --- In [email protected], iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Tapi aya sabagian mental barat anu ceuk abdi mah sae diturutan ku urang. Mental/mentalitas mah langkung kana pamekaran2 perilaku. Salahsahijina mental barat anu sae kanggo diturutan misalna terbuka, demokratis nampi sagala rupi kritikan. Teras efisiensi tina hal padamelan, mental barat salawasna sok hoyong maju dina ngembangkeun ilmu pengetahuan jeung mental2 anu sae na deui. Dina kapamimpinan/padamelan, urang barat mah mun tos ngaraos gagal ahirna ngundurkeun diri. Sikap eta langkung terpuji cenah. Beda sareng di urang, pamimpin nu tos gagal, teu bisa mimpin hese diturunkeunana terus we mimpin, padahal pan kedahna gentos kunu mampu. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org! http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

