Mariksa si Kabayan Baraya, nu katoong ayeuna, umumna ku barudak, katokohan Si Kabayan teh estuning dina urusan humor atawa heureuy nu cetek atawa deet. Dina TV, film atawa sinetron, karakter jeung pasipatan Si Kabayan teh estuning deet, jadi tokoh nu pandir, nu males bin pangedulan, rada boloho, jeung sajabana. Eta karakter si Kabayan teh napel di generasi ayeuna, nepi ka loba US teu satuju atawa ambek mun dianggap atawa dipoyok yen salah salima figur US teh si Kabayan.
Kualitas carita atawa karakter si kabayan jadi deet kitu alatan nu nyarieun caritana (dina film, sinetron, jsb) ayeuna, memang teu maca jero2na atawa teu neuleuman karakter kabayan. Kalolobana lumpatna nu gampang we, kabayan nu ceuleupeung nu pikaseurieun dina harti seuri asal seuri alias lucu wungkul, geus teu melak pikiran kadua dina uteuk atawa hate nu lalajo carita kabayan. Dina ancrub kana budaya Sunda, nu kapanggih teh ngan heureuy nu entengna, lain niley (atawa moral carita) nu aya disatukangeunana. Padahal aslina mah Si Kabayan teh teu saperti nu ku urang ayeuna apal. Si Kabayan minangka eunteung urang sunda enggoning ngalalakon di ieu dunya, leuwih nyoko ka pasipatan otokritik atawa pikeun nyeungseurikeun jeung moyok kalakuan sorangan enggoning hirup hurip. Pikeun jadi cara US ngaca adat suradat sapopoe kaasup niley2 hirup nu diparake. Teu jauh meureun jeung tokoh2 sarupa di negeri deungeun, siga Abu Nawas di Irak. Kang Ibing dina acara medalkeun buku munggaran KUSnet baheula di GSG Itenas kungsi mere conto sikep otokritik si kabayan, minangka pasipatan sabenerna manehna. Kieu cenah, Mun manehna keur leumpang, manggih tanjakan, sok seuri. Naha? Sabab si kabayan sadar, manehna bakal manggih pudunan. Kitu deui mun manggih pudunan, kabayan sok ceurik, sabab bakal manggih tanjakan. Ceuk saliwat mah teu kaharti atawa patojaiyah. Tapi eta peta kitu teh nunjukkeun kabayan surti atawa apal kahirupan nu bisa dipake eunteung pikeun kumna US: mun manggih kabungah, sing inget mangsa susah, jeung sabalikna, mun keur susah ulah bebeakan susahna, sabab engke oge bakal manggih kabungah, rumus hirup di dunya, muter, aya susah aya senang. Heureuy kitu sabenerna nu dipiboga kabayan. Lain ukur pamalesan, nipu mitoha, jeung sajabana. Hanjakal nu arenteng jeung nu deetna nu digedekeun jeung nu dianggap payu. Aya deui (nu inget). Hiji poe, kabayan diondang kanu keur hajatan. Manehna datang make papakean basajan. Di usir kunu boga hajat, sabab make pakean sapopoe. Kabayan balik heula ka imah ganti baju make jas, terus datang deui ka anu hajatan. Nya dibageakeun pisan. Geus kitu, bangsa kueh jeung kadaharan nu ngeunah dina eta ondangan teh ku kabayan dirauan terus ditapelkeun kana jasna. Pek tah dahar nu ente, sabab nu boga hajat teh ngondang ente lain kuring,pokna ka sakadang jas. Kabayan moyok ka jelema nu sok mentingkeun pisan tagog atawa papakaen, lain jelemana saayana. nu kudu dihargaan teh jelemana saayana, lain papakean atawa hiasanana. Aya bank nu dina iklana nembongkeun gamparan (alas dampal suku) sendal capit, sapatu, selop, jst. Iklana, saha bae, cacah menak, mangga lebet ka bank eta, jadi nasabahna, nu penting mah nabung atawa muka rekening di eta bank, lain make naon si nasabah. Rubrik Pojok dina Kompas, Mang Usil. Di PR, ngarana Si Kabayan. Ieu hartina urang PR boga alesan napelkeun ngaran si Kabayan, lain ngan ukur tukang heureuy deet, tapi kritis saperti karakter asli si Kabayan. Ari maksud kaos KUSnet nu tulisanana Si Kabayan Urang Sunda, tapi Urang Sunda lain Si Kabayan, hartina US teu bisa disakompetdaunkeun atawa si Kabayan boh nu baheula nu filsuf atawa nu model ayeuna nu deet, lain stereotip US. Teu kabeh US asak jadi US, atawa teu kabeh US kacingcalang . Geus ah mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org! http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

