Tah kang, ditalungtik atuh... tugasna BMRC lin ? proyek eta teh, heu heu..
-dul- --- In [email protected], Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Euleuh aya ku leubeut pamendakna neng Iva. Nuhun Neng.... > Gencetan kasusah hirup teh pan ti sabang dugi ka meroke, tah kumaha atuh mental US oge nu di TS keur ngigelanana? Kumaha mental US basa keur digencet jaman rodi & romusha? Aya kitu sami jeung bentena jeung mental urang kulon jaman resesi taun 30an? > Ke urang antos geura wartos ti baraya nu di Swarnadwipa, wetan Jawadwipa jste. kumaha seler sejen kondisi mentalna ayeuna. Epes meer oge kitu? > > wilujeng > JP > > iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Mental barat, pola budaya barat, pamikiran barat (elmu)...ieu mangrupa peradaban barat. Kedah dibentenkeun mentalitas sareng pamikiran. Dihandap ku abdi tos dicarioskeun pami mentalitas mah implikasina kana perilaku, pami pamikiran kana otak/utek. Sanajan saleresna duanana ge aya hubunganana. Jalmi nu ilmuna sae can tangtu mentalna sae, kitu oge sabalikna. Soal niron budaya anu kalebet sae kanggo urang, tangtu timana wae teu kedah ti hiji budaya bangsa wae. Ku abdi kantos dicandak samodel jepang, korea sareng malaysia. Tah pami urang arab nu saurna mah jalmina teu terbuka pami dikritik atawa cenah terkungkung. > > Pami nyarioskeun pola hirup budaya barat atawa pamikiran2 barat, misalna kapitalisme, liberalisme, materialistik atawa sok hoyong nguasa, pamikiran2 samodel kieu can tangtu cocok malah pan dianggap negatif. Lidahna urang barat nu sakitu bebasna mun ngaluarkeun pendapat, hak, atawa ekspresi contohna wae dina hal seni tea, ekspresi bebasna urang barat mah pan dilindungi. Tinggal urang mah kedah waspada, nyesuaikeun diantara duanana, antara anu bebas jeung anu teu bebas (diam/cicing) > Teras mentalitas naon nu diperyogikeun sareng hubunganana ku nerekelna gangguan jiwa? Tingal heula panyebabna kunaon masarakat urang ayeuna seueur nu kaganggu mentalna? Da sigana paktor anu paling ageung mah tina ngabeulitna tekanan hirup sapopoe anu tambah nerekelna sabab BBM ku pamerentah ditaekeun. Teras kunaon BBM ditaekeun? Sabab pamerentah geus teu gaduh deui duit/modal kanggo nyocokan kaperluan2 nagara ku sabab cenah daruitna dipalingan ku para koruptor. Nu ahirna pamerentah teh teu aya jalan deui iwal ti menta bantuan ka rakyat keneh. Ayeuna dampak kabijaksanaan kitu ngakibatkeun masarakat leutik siga kitu, saur abdi aya wajarna. Nu hirup leutik mah atuh da teu siga urang anu masih bisa ayeuna tuang, enjing ge tiasa. Nu hirup leutik mah panginten tadina duit 10 rebu tiasa kanggo sadinten, ayeuna mah boro2. Jadi we kaemutan, ngarasa was2, ahirna stress. Teras mun ayeuna mental sabagian masarakat urang siga kitu, masih bisa disebat lemah? Enya memang lemah, namina ge manusa, > jalmi aya kakurangan. Teras kumaha atuh ngarah masarakat urang mentalna teu terganggu ku alatan ekonomi siga ayeuna. > Ngabentuk mentalitas masarakat ge da kudu dibarengan ti luhurna (pamimpin/pamerentah) jeung sadaya masarakatna keneh. Samodel mental pamimpin urang nu korupsi, teu jauh masarakatna keneh ge sami. Ayeuna mun disebutkeun, naha pan cenah seuseurna masarakat urang teh ngagem agama islam, tapi mentalna siga kitu. Saur abdi ge ieu janten patarosan kana diri abdi nyalira, naha ieu emang adat indonesiana nu siga kitu, atawa agama anu teu dicandak atawa masalah lingkungan, masalah kamampuan (loba kahayang tapi teu ningali kamampuan sorangan, teu siga urang barat materialistik ge da mampu) atawa masalah sejenna. > Tapi mun nyarioskeun soal gangguan jiwa teu aya deui alatan eta teh lemah/tos teu kuat deui. Teu aya jalan deui nyegahna iwal ti langkung sabar, iman kuat, rasional, kuat mayunan tekanan, pasrah kanu maha suci Alloh SWT. > > Sakitu bae pamendak ti abdi, pami aya kakirangan sareng kalepatan neda dihapunten. Sanes waktos diteraskeun deui. > > Baktos, > Neng Iva > > Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Saenamah niron timana we lah kasaean mah ti barat mangga ti timur oge mangga. Bangsa Persia mah geuning taun 80 tos netepkeun "Lain kulon, lain wetan anging Islam", geuning ayeuna ngarayap maju teu sieun ku seler sejen. Kulantaran bangsa Asia mah lega teuing, asana mah hoyong terang we mentalitas naon atuh nu diperlukeun Urang Sunda di abad 21? Geuning pelita kahiji abad 21 dikawitan ku nerekelna "gangguan jiwa". > > JP > > > iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tapi aya sabagian mental barat anu ceuk abdi mah sae diturutan ku urang. Mental/mentalitas mah langkung kana pamekaran2 perilaku. Salahsahijina mental barat anu sae kanggo diturutan misalna terbuka, demokratis nampi sagala rupi kritikan. Teras efisiensi tina hal padamelan, mental barat salawasna sok hoyong maju dina ngembangkeun ilmu pengetahuan jeung mental2 anu sae na deui. Dina kapamimpinan/padamelan, urang barat mah mun tos ngaraos gagal ahirna ngundurkeun diri. Sikap eta langkung terpuji cenah. Beda sareng di urang, pamimpin nu tos gagal, teu bisa mimpin hese diturunkeunana terus we mimpin, padahal pan kedahna gentos kunu mampu. > > > __________________________________ > Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005 > http://mail.yahoo.com > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > > > --------------------------------- > Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free. > > --------------------------------- > Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free. > > --------------------------------- > Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free. > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > > --------------------------------- > YAHOO! GROUPS LINKS > > > Visit your group "urangsunda" on the web. > > To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED] > > Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. > > > --------------------------------- > > > > > --------------------------------- > Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free. > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital. http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

