supados mucekil...taya lepatna panginten....jejer2 nu subtansial dikorehan ti ayeuna hehe... meh engke dina prungna "lebeut jeung asak"... janteun tinggal nuang hehe...
 
eta sabage pemanasan sareng nyawang "kahareup".....kutrat-kotret bari ngajapri hehe..
 
mangga nyanggakeun kanu tos kahot...

Hepi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haratis.. ? hari geene masih ada yang haratis ?
kumaha lamun ngaburudul peserta na kang ndoell ?

----- Original Message -----
From: "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <urangsunda@yahoogroups.com>
Sent: Wednesday, October 19, 2005 11:51 AM
Subject: [Urang Sunda] Bewaraaaaaa : ULEMAN HALAL BIHALAL KUSNET 2005


Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh..

Baraya Kusnet sadayana,

Dina raraga boboran siam 1 syawal 1426 Hijriah,
dibewarakeun yén bade diayakeun acara Halal Bihalal Kusnet 2005
nu Insya Allah badé diayakeun dina :

Dinten Saptu dugi ka Minggu, ping 26~27 Nopember 2005
ngawitan tabuh 08.00 énjing dugi ka lekasan
di Villa Batan, Kota bunga, Cipanas - Puncak

Acara :
  - Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan
  - Hiburan & Kaulinan
  - Kongres
  - begadang bari siduru, meuleum jagong....

Kukituna, réngréngan Panitia seja ngulem ka sadaya anggota Kusnét,
sareng kulawargina, sareng ageung nu dipiharep kana kasumpingan
sadayana dina waktosna.

Haratis / teu kedah mayar.

Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa langkung ngaraketkeun tali silaturahmi
diantawis baraya Kusnet sadayana.


Sakitu anu kapihatur,
Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.


-Ndoell-
Panitia (hususon tukang wawar)

hapé : 08129056192
imel : [EMAIL PROTECTED]




* PENTING !!! *
---------------

Jalaran kanggo kaperyogian administrasi sareng nyayogikeun sagala
rupina, ka sadaya baraya Kusnet disuhunkeun rido galihna kersa
ngeusian Formulir dihandap ieu teras di kintun ka alamat i-mél :
[EMAIL PROTECTED] atanapi dialungkeun ka Milis :


FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA HBH/KONGRES KUSNET 2005
26~27 Nopember 2005

Ngiringan : Bade / Moal (pilih*)

Nami :.....................................................
Padumukan :................................................
I-mél :....................................................
No. telpon / Hapé :........................................
Jumlah nu bade sumping : ..... dewasa & .... murangkalih
Kendaraan : Motor / Mobil / Umum


********************************************************************




Informasi nu sanésna :

* Tempat Halal Bihalal *
------------------------
Lokasina kirang langkung 2.5 ti Cipanas
500 meter ti jalan raya, tiasa mapah/nganggo kendaraan
Parkir kanggo 15 mobil, aya lapangan Tennis,
Lapangan Badminton sareng Tenis Meja.
Nu bade ngojay tiasa ka Kota bunga (500 meter ti lokasi)
Disayagikeun 4 Cottage @4 kamer (total 16 kamer) kanggo baraya nu
ngabantun kulawargi + 1 cottage anu tiasa nampung dugi ka 50 jalmi.



*Bazaar*
--------
Baraya Kusnet/wargina atanapi nu aya pakait sareng baraya Kusnet
nu bade ngiringan Bazaar disayogikeun stand, mangga tiasa ngajapri
kanggo konfirmasi.


*Door Prize*
------------
Disayogikeun Door Prize kanggo baraya nu sumping.
Bilih aya nu bade nyumbang kanggo Door Prize mangrupi barang
mangga ngajapri kanggo konfirmasi.


*Sumbangan*
------------
Bilih aya nu bade masihan sumbangan disayogikeun kotak sumbangan,
atanapi nu bade ngintun tuangeun, mangga ngajapri kanggo konfirmasi.


* Susunan Panitia Halal Bihalal*
--------------------------------
- Pamangku Hajat : Uwa Siddik Wiradiredja
- Penasehat : Uwa Sasmita, Mang Jamal, Kang Maman Gantra, Kang Tirta
Wijaya
- Pupuhu : Kang Akos Kosasih
- Tukang Cutat-catet : Kang Ikmal, Teh Tia
- Tukang Babayar : Teh Imas Mustakim
- Tukang Wawar  : Kang Nanang, Kang Runa Inawan
- Nu ngurus Acara : Mang Oman, Teh Nenny "Ambu", Kang Hendri
- Em-Si : Kang Gunawan Yusuf, Kang Casnan, Kang Taopik
- Nu ngurus katuangan & leueuteun : Kang Surya, Teh Ani, Teh Iva, Teh
Pupi, Teh Mia, Teh Anna
- Nu ngurus Akomodasi/peralatan : Kang Rezza, Kang Dudi, Kang Hendra
& Kang Yayan
- Tukang pilem & motrét : Kang Rachmat Rawyani, Kang Hari "Bowie"
Wibowo
- Nu ngatur Olah raga/Kasenian : Kang Tantan, Kang Irfan, Kang Dadang
& Kang Herdiansyah
- Tukang Angkag-ingkig : Kang Kumi, Kang Cepi, Kang Romi & Kang Adeng


---..tos ah..






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links







Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to