Sae kang Akos, sippp....
Mangga derrr + lajeungkeun
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Hm....
saƩ kang Akos..
two thumbs up.....dua jempol diacungkeun...

-dul-


--- In [email protected], akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Assalamu'alaikum wr.wb.

> Alhamdulillah, poe minggu kamari lengkah BMRC parantos dikawitan
dina acara penerimaan mahasiswa baru Institut Teknologi Al-Kamal
(ISTA) dina wangun Orasi Ilmiah. Dina acara eta, kuring maparin
kuliah terbuka di hareupen Rektor ISTA, Bp. Prof. Dr. AH. Satari
(Rektor IPB-Manten) jeung rengrengan civitas akademika ISTA oge
mahasiswa baru ISTA taun 2005. Kuring disuhunkeun maparin Orasi
Ilmiah, pedah boga pangalaman salaku praktisi widang industri,
khususna sistem manajemen industri Jepang.
> Jejer Orasi Ilmiahna, nyaeta :
> Pengaruh Budaya Kerja KAIZEN Dalam Perkembangan Industrialisasi"
> Dina makalah orasi jeung presentase-powerpoint ku kuring diserat :
> Akos Kosasih Setiawan-Bujangga Manik Research Center
> He he kagok promosi BMRC sakalian.

> Eusi singketna dina Orasi Ilmiah eta kuring ngaguar ngeunaan
superioritas Jepang dina widang industri, utamana industri
manufacturing.

> Kaunggulan Jepang dina widang Industrialisasi nyatana teh
disababkeun ku hiji budaya kerja anu meh sarupa dipiboga ku unggal
pausahaan Jepang di sakuliah dunya, nyaeta budaya kerja KAIZEN
(continous improvement = perbaikan berkelanjutan). Budaya kerja
Kaizen ieu, anu aslina mah diadopsi tina ajen inajen kahirupan urang
Jepang jaman baheula, tetela bisa dirobah jadi dadasar konsep
manajemen modern tur tiasa dilarapkeun dipausahaan-pausahaan sejen di
nagara mana bae, henteu mung saukur di nagara manehna wungkul.
Kaizen, ayeuna oge geus jadi materi padundengan nagara industri
barat. Teu saetik pausahaan ti USA jeung Eropa anu geus nerapkeun
sistem kerja Kiazen ieu. 
> Di panungtungan orasi dina ringkesanana, kuring masihan tambahan
yen budaya kerja Kaizen anu ayeuna loba diparake ku pausahaan-
pausahaan modern teh, lamun urang daek ngulik, tetela geus aya oge
dina ajen inajen di Tatar Sunda. Minggu kamari, basa nyusun makalah
orasi, kuring meredih ka mang Oman, nyunkeun pangmilariankeun ajen
inajen di urang anu ngaharib kana konsep budaya kerja Kaizen ieu.
Alhamdulillah, konsep eta kapendak dina naskah heubeul "Sanghiyang
Siksa Kandang Karesian (SSKK)", nyaeta palebah paragraf anu unina
kieu :
> "Nya mana kitu, lamun a(ng)geus di karma ning akarma, di twah ning
atwah, a(ng)geus pahi kaiilikan nu gopel nu rampes, nu hala nu
hayu....."
> anu hartina kirang langkung :

> "Karena itu, bila telah selesai menunaikan semua kewajiban dan
pekerjaan, periksalah kembali mana yang masih jelek mana yang sudah
bagus, mana yang masih buruk mana yang kurang baik..."
> Konsep ieu ku mang Oman disebut konsep "GALAH CEDEK TINUGELAN".

> Pas kuring nembrakkeun konsep ieu, loba dosen-dosen ISTA (anu
lolobana dosen oge di ITB) helok rada cangcaya lamun konsep ieu
memang geus aya dina budaya kerja urang.
> Dina panutupan orasi, kuring negeskeun yen urang loba teuing serab
ku konsep elmu pangaweruh ti luar nagreg, padahal lamun leukeun
ditalungtik jeung diilikan, loba oge ajen inajen karuhun urang anu
tiasa dijadikeun konsep manajemen modern, siga konsep Kaizen tea.

> Bubar acara, bp. Prof. Dr. Satari ngadeukeutan kuring ngomong
kieu : "Saya baru tahu kalau dalam naskah-naskah kuno di negara kita
yang memiliki konsep bagus seperti itu. Wah, saya masih harus banyak
belajar dari anda.."
> Ceun teh "Ah eta mah sanes bagean abdi Pak, aya deui ahli sanesna
di BMRC anu bagean nalungtik bab-bab budaya jeung naskah kuno..." He
he eta mah bagean mang Oman panginten nya. Sakali deui hatur nuhun
nya, Mang.
> Aya oge Ketua Jurusan Teknik Kimia ITB, Dr. Suryadi Siregar,
tetelepek ngeunaan BMRC. Kagok asong, nya sakalian promosi Kusnet
jeung garepan-garepan sejenna.

> Sakitu heula panginten,....

> Wassalam,
> baktosna akos

>  
>
>
> __________________________________________________
> Apakah Anda Yahoo!?
> Lelah menerima spam?  Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik
terhadap spam 
> http://id.mail.yahoo.com
>






SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


Baktos Ti Pribados,
Runa Inawan - KUSnet
"Kebajikan yang ringan adalah menunjukkan muka berseri-seri dan mengucapkan kata-kata yang lemah lembut"(Umar bin Khattab) "

__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam
http://id.mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke